Hatur nuhun Ua, ngiring bingah tos "done" najan teu kaluar sapeser urunan. 
Ngareugreugkeun nu dina widang filologi, muka eusi naskah ti karuhun.
   
  Hurip sunda

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Ngadadak aya SMS ti Kang Darpan, yen upacara Seba di Kabuyutan 
Ciburuy teh rek diayakeun dina poe Rebo tanggal 6 Pebr 08, ari tadina mah aya 
beja teh rek dilaksanakaeun poe Kemisna. Geuning jadina poe Rebo, sihoreng 
upacara seba teh dilaksanakeun poe Rebo peuting, sabada Isya, amlem Kemis.
  Atuh sim kuring rada tuturubun ngabejaan Kang HW jeung Mang J, sangkan poe 
Rebo miang ka Ciburuy Garut, meungpeung aya waktu keneh supaya peti teh bisa 
kapake dina upacara Seba.
  Jadi poe Rebo teh ngabiur ka Ciburuy Bayongbong Garut, lantaran euweuh waktu 
deui ngabejaan ka Kang Dipa, antukna Aki (pun paman) anu nyupiran teh, da si 
kuring mah teu pati tapis ka luar kota mah, sok geugeumeueun.
  Miang ti Bandung teh tabuh satengah salapan, nyemprung ka Garut, nyampeur 
heula Kang Darpan di Gordah, tepi ka Ciburuy teh tabuh sabelasan.
  Enya we di Patamon keur rame siga anu rek kariaan, loba kolot budak awewe 
lalaki, keur pakepuk sasadiaan keur upacara Seba. Kuring masrahkeun peti bari 
sasadu da rada elat ngirim, padahal ti Madiun mah apan geus rada lila jolna, 
jadina ngembrek diimah kuring.
  Ijabkobulna, dina papasarahan peti ka Ki Kuncen teh, ieu peti amanat ti 
baraya anu di Kusnet, mugi katampi, bilih kirang kitu kieuna mah hapunten bae, 
mugi mangpaat kanggo nyimpen naskah kuno. Atuh panampian ti Ki Kuncen intina 
mah nganuhunkeun kana katineungna baraya ti Kusnet. Sim kuring jeung Mang 
Jamal, atas nama YP mere sumbangan keur Ciburuy hanteu gede ukur dua ratus rebu 
rupia, lain nanaon eta ge pedah we keur pakepuk sasadiaan upacara Seba, atuh 
duit sakitu teh bisa bisa keur meuli rokok anu digarawe.
  Tadina indit ka Ciburuy teh rek bareng jeung Kang Adhitya ti Kompas, inyana 
rek ngadagoan di Kang Darpan, ngan hanjakal inyana keur liputan di Tasik, tapi 
basa mulang nyimpang ka bumina Kang Darpan, Adith geus nyampak, da rek ngaliput 
kapeutingnakeun. Alus tah budak ngora teh daek kukurusukan.
  Tah ieu fotona kaasup ritual setting (sasadian keur upacara), nu pikabitaeun 
mah eta ningali wajit di wadahan kana nyiru, sigana amis pelem, hanjakal eta 
mah keur upacara. Kami teh teu wani ngasaan, da teu ditawaran...he he...!!
  Ritual Seting aya sababaraha rupi aya nu disebut sawen, tutup said, kampuh, 
tali datuk, parukuyan (ieu parukuyan lain paranti nyeungeut menyan da dijieuna 
ge tina daun kawung ngora), rompe, eunteung (eunteung ieu ge lain hartina kaca 
eunteung, tapi tina daun kawung ngan dijieuna ngagembleg dibeberkeun masagi).
  Kukituna tugas ngadugikeun peti keur Kabuyutan Ciburuy tos dilaksanakeun, 
hapunten rada elat. 
   
  MSasmita
  
  

                         


Makarya Mawa Raharja

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke