> MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@...> wrote:
> Bade ngiringan icikibung soal barat vs timur ieu.
> Kahiji, satadina kuring rada hanjelu, ningali postingan foto sunda 
> jadul, bari teu puguh alang ujurna, naon nu rek didiskusikeun, naha 
> tehnik fotonya anu hideung bodas tapi cekas, atawa tren foto jaman 
> harita mun difoto teh kudu make piguran (jongos miluan mejeng). 
> Sabab mun sakadar mejengkeun foto wae mah, barudak SD jeung SMP oge 
> bisa jiga di facebook. Para anggota milis urangsunda mah kuduna teu 
> ngan sakadar mejengkeun foto.

Hehehe ..tadina mah kuring ngasup-ngasupkeun foto sunda "jadul" teh pedah we 
millis mani combrek tiiseun. Meureun ari dibere "eupan" ku "gambar" mah bakal 
rame dae, sabab tina hiji gambar/ foto, loba "carita" nu bisa diguar. Atuh 
tujuan sejenna, nya hayang babagi we jeung baraya sadayana, nyawang alam 
katukang nu teu kaalaman, babagi kira-kira kumaha sih "karuhun" urang teh 
baheula.

Perkara ku kuring disambungkeun jeung caping Gunawan Muhammad jeung artikel 
"Tapak Dekker di Lebak" dina Tempo, eta mah kabeneran we bet siga nu bisa 
disambung-sambungkeun.

Kuring kacida atohna "eupan" foto jadul teh nyanggut. Aya sababarha foto nu 
jadi thread kapapanjangan, saperti ngala maung atawa nu ayeuna perkara leuit 
(arsitektur Sunda) nu kabeneran keur diteuleuman ku MJ.

Baktos,
WALUYA








Kirim email ke