<http://1.bp.blogspot.com/_u2n53vx9ME0/S1FEkkX_PpI/AAAAAAAAAKM/4hofKWA3cgI/s1600-h/sidekah+kue.jpg>BOGOR
– Upacara Séréntaun masarakat Kampung Sindangbarang, Kecamatan Pasir Eurih,
Kabupatén Bogor geus dimimitian ti Poé Rebo malem Kemis (13/1). Leunjeuran
acara tradisi unggal taun ieu dimimitian ku prosési netepkeun ku jalan
ngadua ka Gusti Nu Maha Suci nu dipingpin ku kokolot adat.

Isukna, Poé Kemis, dilakukeun jiarah kubur ka karuhun-karuhun lembur
Sindangbarang, kaasup jiarah ka Éyang Parenggong Jaya nu aya di mumunggang
Gunung Salak, teu jauh ti Pura Urang Bali.

Poé Jumah, bada salat Jumah dilakukeun upacara ngala cai kukulu di tujuh
sumur (mata cai) nu aya di sakuliah lembur. Ngala cai ieu dilakukeun ku para
kokolot lembur, nu saterusna cai téh bakal digunakeun dina upacara nugel
munding jeung acara puncak séréntaun nu mangrupa ngasupkeun pare ka leuit.

Poé Saptu ieu (16/1) dilakukeun acara Sidekah Kuéh jeung Nugel Munding.
Sidekah Kuéh diayakeun di alun-alun Kampung Budaya Sindangbarang (KBS) nu
diiluan ku masarakat lembur kaasup barudak sakola. Kuéh-kuéh nu diwadahan
dina nyiru-nyiru leutik digelar, dijajarkeun di alun-alun, sarta di ruing ku
warga lembur. Sanggeus dimimitian ku ngadua ku kokolot lembur, kuéh-kuéh téh
ambring diserbu ku masarakat.

Acara dituluykeun ngarak munding ti KBS ka tempat panugelan di lapangan SD
Inpres. Satuluyna daging munding ieu baris dibabagikeun dina prosési Sidekah
Daging.

Poé isuk, Ahad (17/1) mangrupa acara puncak upacara Séréntaun. Baris
dilakukeun hélaran barisan rengkong jeung dongdang ti hareupeun Imah Gedong
nuju ka alun-alun KBS. Saterusna pare-paré nu dibawa ku rombongan hélaran
baris diasupkeun kana leuit. (HD)
  Diposkan oleh majalah basa sunda balébat  di
11:29<http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/01/serentaun-sindangbarang-dimimitian.html>

Kirim email ke