Yang bisa bahasa sunda please translate donk...

Cheers
@ji


Bu Lia téh guru basa  Inggris anu katelah the killer, ceuk barudak mah. Barudak 
awéwé  mah biasana balageur, béda jeung barudak lalaki nu borokokok. Unggal rek 
réngsé palajaran, anjeunna sok ngetést murid-muridna.

Poé kahiji.

"Ayeuna ibu rék ngetést maranéh ihwal  irregular verb, anu bias ngajawab bener, 
meunang balik  ti heula ! ", saur ibu guru Lia. "Anu teu bisa, nangtung di  
hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor!", ibu ngancem

"Fitha, sok sebutkeun contona irregular verb

"Bring - brought - brought, hartosna nyandak"

"Alus. Cikan Yogi ! Tong heureuy baé !"  Si Yogi katelah tukang heureuy.

"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel  PR".

"Nangtung dihareup ! Dadan ! "

"Brang - bréng - brong,  hartosna ema ngambek di dapur alatan teu gaduh béas"

"Nangtung dihareup ! Dikdik ! "

"Begang - begéng - begung, hartosna siga  awak Datuk Maringgih "

"Nangtung dihareup ! Yusuf ! "

"Dar - dér - dor, hartosna perang di Irak jeung Paléstina"

"Nangtung dihareup ! Mahmud ! "

"Pak - pik - pek, hartosna abdi bébérés  di bumi "

"Bohong manéh mah tara bébérés .Nangtung dihareup !

Endang !"

"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang

"Nangtung dihareup ! Nandang ! "

"Brak - brik - brek, hartosna  awut-awutan "

"Nangtung dihareup ! Naddy ! "

"Plak - plék -  plok, hartosna bararahé "

"Masingna asé réhé atuh ! Nangtung dihareup !  Epul !

"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur "

"Nangtung dihareup ! Kabéh baralegug ! Doddy ! "

Si Doddy téh budak nu  geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya.

Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia.

Bakating ku geumpeur, ari seduuut .  téh hitut !

"Brat - brét - brot nyah ! ?, saur ibu Lia mayunan :

" Kaluar kabéh ! ", ibu Lia bendu.

Poé ka dua.

"Ayeuna  ibu rék ngetést maranéh ihwal present continous, anu bisa ngajawab 
bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia.

"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti  kantor !",

"Ridwan, sok sebutkeun contona  present continous !",

"Hi istuning  (he is tuning), hartosna dia keterlaluan

"Manéh nu istuning  belegug pisan mah ! Déni !"

"Déy weureu daun (they were down), hartosna  mereka weureu daun"

"Weureu daun naon manéh téh Déni ?!,  kahareup kabéh

Matak TBC ngajar barudak kawas kieu  mah !", bu Lia bendu.

" Ah moal bu, buktosna pun rama ngajar di TC séhat-séhat wae...."

---------------------------

Guru : dimana konferensi AA (asia afrika) dilaksanakeun?

Murid : di Bandung........!!!

Guru : Saha wae pesertana anu hadir?

Murid : AA Gym, AA Boxer, AA Tarmana!!! malihan taruangna oge di "AA Laksana"


---------------------------

Basa umur Bapa sapantaran hidep," cek Pa Riza ka Amel, anakna,

"Bapa boga sangkaan yen dina nyanghareupan hirup teh nu pangpentingna mah taya 
lian iwal ti kudu ngabogaan bae duit.

Ari ayeuna..."

"Ari ayeuna kumaha, kitu, Pa?" Amel motong kalimah bapana.

"Enya, ayeuna mah Bapa geus yakin pisan!"

 
#####################################################################################
This e-mail message has been scanned for Viruses and Content and cleared 
by NetIQ MailMarshal
#####################################################################################

Kirim email ke