Ku carana hayang nonjokan ge eta geus salah,..
Anggur mah urang DO'AKEUN we ku sarararea lain Warga STM wae tapi sakabeuh
warga Indonesia sing pada Salaladar kan ngeusi ieu kahirupan tong Ngaruksak
jeung Tong hayang di ruksak, tong hayang Ngabinasa jeung tong hayang di
binasa,...
aan sarwo edi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
aduh eta meni nepikeun ka kitu.........dimana harga diri stm yang
dulu?????.......nama baik yang dibangun dari dulu oleh para alumni dan sesepuh
kayanya udah dilupakan malah disepelekan...............usulin aja tu PFM
diperketat....dipersulit.........pokona disiksa..........
aduh kuping ma mataku gatel baca ma ngedengerinnya..............asa hayang
nonjokn ka budak nu nulis eta.......saha sih...............masa stm ayeuna siga
kieu.......
Roni <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
separah inikah STM Pembangunan teh?
tanya kennnapa?
Note: forwarded message attached. Send instant messages to your online
friends http://uk.messenger.yahoo.com
To: "blankar" <[EMAIL PROTECTED]>
From: "Ade Rafiansyah" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Wed, 17 Jan 2007 07:25:26 +0700
Subject: [blankar] FW: Pertama kali dalam sejarah STM
Dari milis tetangga neh....
Assalaamu'alaikum wR wB
(Punten bilih panjang teuing eusina)
Hapunten ka sadayana bilih temana kirang nyambung
sareng anu nuju aktual dina dinten ieu....
Dina dinten minggon kamari... sim kuring teh kenging
laporan anu matak panas kana imbit, sareng nyaliksik
nyaliara kana ati... dina kabar eta didugikeun ku Eko
Nurdiyanto (23) sareng Melisa n Yani (angkatan 31) yen
dina enjing enjing kapendak tulisan di payun stm dina
tembok eusina "Pa Yan Anjing"... eta tulisan teh
diserat nganggo pilox atanapi cet anu disemprotkeun
tea warna hideung...
eta teh ditujukeun ka Pa Yan bagian Kesiswaan.. sanes
ka sim kuring... da sim kuring mah dikenal di STM na
oge kalayan abhiseka Om Nur....
Sanaos eta tulisan teh mung ditujukeun ka pa Yan...
namung karaos ku sim kuring mah eta teh ditujukeun ka
sadaya komponen SMK Negeri 1 Cimahi... naha bet kitu?
Kumargi upami Pa Yan disebat "Anjing", padahal
dedeganna Jalmi, berarti anu sanesna oge disebat
Anjing kalebet siswa guru karyawan sareng Kepsekna oge
panginten....
Sareng anu dipikahariwangkeun ku sim kuring mah nyaeta
upami aya pihak luar anu maos kana eta seratan/rucat
rocet dina tembok anu katinggal sakitu jentrena...
meureun dina emutannana oge kabayang kumaha barudak
stm teh. geuning barudakna wantun kitu ka guruna
padahal SMK 1 Cimahi teh kawilang sakola anu pangsaena
(saurna) di Jawa barat... Sakola anu sae wae kitu,
komo sakola anu kirang sae panginten....
Janten ieu mah mung saukur informasi...
Mung dugi kana danget ieu, Bapa Kepala Sekolah teu
acan diuningakeun perkawis eta mah kumargi tulisanna
tos dihapus... malah Pa Yan oge teu dipasihan terang
sateuacanna... tapi da ari bau bangke mah enggal
kaambeuna janten ayeuna Pa Yan mah parantos
uningaeun..
Tah upami ditalungtik sabab musababna panginten
"Palaku" sateuacanna kenging hukuman ti Pa Yan kumargi
pelanggaran Indisipliner... cigana mah dina dinten
Jum'ah kenging hukuman teras anjeunna ngabales nganggo
curat coret na tembok stm......
Dugi kana danget ieu oge teu acan aya siswa anu
diinterogasi kakait kana kasus ieu...
Sareng upami ditinggal ku ayana kasus ieu oge, ieu teh
ngagambarkeun kaayaan SMK N 1 Cimahi ayeuna. upami
kasebat rusak, nya tiasa disebat rusak, upami disebat
normal, nya tiasa disebat normal oge... mung anu
dipikahariwangkeun teh ieu sipat bilih kacacandak ka
dunia industri....
Punten we bilih hoream maosna
Wassalaamu'alaikum wR wB
Nusirwan H_qeem
__________________________________________________________
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
http://autos.yahoo.com/new_cars.html
---------------------------------
Never Miss an Email
Stay connected with Yahoo! Mail on your mobile. Get started!
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.