Note: forwarded message attached.

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 
--- Begin Message ---
SI KABAYAN MEUNANG UNDIAN 


hiji poe... 
si kabayan meunang undian! teu tanggung-tanggung hadiahna motor harley 
davidson!! 
biasa ngangon munding jeung embe, meunang motor anu sakitu hi-tech na si 
kabayan bungah kabina-bina! tuluy wae manehna langsung momotoran poe isukna. 

hayang katingali siga preman, si kabayan ngecet buukna make warna blonde saacan 
indit. 
bari make pakean ginding, beubuer jeung kacamat hidueng si kabayan puguh matak 
katingali siga bule kapoe sabab rambutna blonde ari kulitna warna sawo buruk 
alias rada hidueng. tukang angon tea atuh....... 

greng........greng.........greng............ 
si kabayan gagah tumpak motor. 

basa keur asyik tumpak motor, ningali dihareupeun manehna aya mobil suzuki 
carry si kabayan langsung nyalip!! 
'heh... pernah naek motor harley acan?' ceuk si kabayan siga anu sombong. 
'ah... maneh meni sombong nya?!' ceuk si supir mobil Carry bari keuheuleun. 
greeeng....... si kabayan ninggalkeun eta mobil. 

ningali deui dihareupeun aya mobil Daihatsu Zebra, si kabayan nyusul eta 
mobil!! 
'hoi... geus pernah naek motor harley acan?' ceuk si kabayan nanya ka supir eta 
mobil. 
'ah..maneh.. ontohod siah!! meni sombong nya?!' ceuk si supir mobil Zebra bari 
poporose. 
greeeng....... si kabayan melaju cuek. 

ningali deui dihareupeun aya mobil Toyota Kijang, si kabayan buru-buru nyusul!! 
'hoi... geus pernah naek motor harley acan?' ceuk si kabayan bari gegewokan. 
tapi ayeuna mah beungeut si kabayan siga anu nahan hitut (maksudna siga anu 
ketar- ketir). 
'borokokok siah maneh!! meni sombong!!!' ceuk si supir galak. 
greeeng...... si kabayan tancap gas. 

barang teu lila....... 
gudubrakkkk...!!!!! si kabayan nabrak gerobak baso anu keur nyebrang jalan. 
atuh.... manehna jeung motorna ngagubrak pinggireun jalan. 

mobil toyota kijang anu tadi disalip ku si kabayan eureun pinggireun si 
kabayan. 
'tah..rasakeun siah! matak montong sombong jadi jelema teh!' ceuk si supir 
mupuas si kabayan. 
'lain sombong abdi mah.... da abdi teh bade tumaros dupi REM na anu mana?' ceuk 
si kabayan bari jeung cengar cengir nahan kanyeri.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

--- End Message ---

Kirim email ke