Tah upami kitu urang ngempel bae sateuacanna, anapon nu kedah dongkap nyaeta (disuhun ridhona):
1. Bapak Siddik, kumargi anjeuna nu gaduh hajat
2. Abdi, kumargi rorompok sepuh di Bogor, sanaos abdi lingggih di Serang bade diusahakeun janten tuan rumah nu merenah
3. Kang Eko, rorompok anjeuna di Bogor
4. Kang Hendri, kumargi lokasi Cimalati caket sareng rorompok sepuhna, diharepkeun urusan birokrasi tiasa gampil
5. Saha deui ?
 
Sementawis nami-nami di luhur tiasa janten pusat inpormasi kanggo acara engkena, pami bade aya nu nalipung mangga wae ka
rorompok 0254 213761, atanapi 08131407277
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, May 12, 2004 11:10 AM
Subject: [UrangSunda] RE: Halal Bihalal

Nya upami kedah-kedah teuing mah, mangga atuh lebetkeun janten anggahota panitya, asal ulah santek teuing waktosna, paling henteu saminggon saparantos pere boboran, supados aya waktos kanggo tataharna.
Margi sim abdi nembe aya di Bogor paling enggal oge 3 atanapi 4 dinten sateu acan boboran !!!.
Sok atuh anu sanesna dihaturanan rido galihna, kanggo babantos !!
 
Pihaturna,
 
SSW 

E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sae kang hendri, mung eta pupuhu hajatna tambihan ulah
abdi nyalira cuang cieung nyalira mah , tambihan anu
dibogor teh aya :
Pak Siddik
Kang Gunawan
Kang Tantan

Mangga baraya , mamanawian aya pendapat nu sanes, Ari
waktosna mah teu acan ditangtoskeun da lami keneh.

Nuhun
@ERN


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke