Alhamdulillah ani geulis eung........nuhun teteh
saleresna kageulisan ani mah moal sabanding sareng geulisna teteh, amin nya teh
hehehehe....
Teh,
boneka mah isin nyuhunkeun na, (padahal ani oge resep keneh boneka) mung anu
osok dipangnyandakkeun mah coklat. Abdi mah sanes dikantor teteh nanging di
pabrik anu aya dikawasan ejip lippo. Uluh taman senotsa mah caket atuh teteh,
sok upami kadieu deui tong he love ka neng an rayi teteh ani pura-pura zibukh
wae nya hahahaha...
Kang
Iyan mah sanes nyiwitan teh hoyongeun rangginang teh, maklum di Batam teu aya
rangginang...hahahahaha....
Baktos,
Neng
an...
-----Original Message-----
From: Nety Martin [mailto:[EMAIL PROTECTED]
From: Nety Martin [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Siganamah sanes teu sedepeun neng ani!
ari kanu geulismah moal katoel,da lebareun.. .matak oge bagi bagi
ngarah teu ngaburayot,da neng animah di borong kunyalira.beu......
bosna keudah dipasihan dot hehee...,ngarah bobo,janten neg ani tiasa noong
kamana mana.eh ari ku urang s'pore mah sanes di candakeun coklat,paling di
jancakeun boneka.
ngarah aya nu ngarencangan ngalamun hehe.......
si kang iyan sanes noelan neng ani.tapi nyiwitan duka kunaon.
sigana hoyongeun coklat.leres kang Iyan.
neg Ari Epso teh kantor nah sanes di Jabeka?.kaleresan nuju teteh uih
.ameng ka tilas Padamelna caroge di taman sentosa.malihan kantos nyandak
si bungsu ka klinik.
sok bageur teraskeun deui hanca ngarambet.kade ulah hilap di barengan ki
sanggu timbel sareng sambel.....,
Tinu nuju rungsing
istrina kabayan
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

