Masalah kaci-heunteuna nulis buku migunakeun alam gaib atawa 
kakuatan supranatural, gumantung ceuk saha atawa ceuk golongan mana. 
Ari ceuk golongan akademisi mah (positivisme), anu sagala rupana 
kudu sacara empirik (nyata) tangtu bae teu kaci. Tapi, ceuk golongan 
sejen deui mah nya na make teu kaci ku naon? Anu penting jujur dina 
nganepikeunna. 

Ngeunaan darajat bebeneranna? eta mah gumantung tingkatan kakuatan 
dina widangna masing-masing. Sarjana anu lulusna pas-pasan tangtu 
moal bisa diharepkeun nulis buku sajarah anu hade. Kitu deui, jalmi 
anu kakuatan kontak ka alam ghaibna sakedik pisan, moal tiasa seueur 
kenging informasi alam ghaib. Kitu deui salah benerna informasi ti 
alam ghaib pakait sareng kamampuan si jalmi ngabedakeun informasi + 
sumber informasina (antara anu salah, seueur salahna, sareng anu 
leres).  

Dialog jin jeung manusa? kangjeng Nabi saw kariwayatkeun kungsi 
nampi rombongan jin anu ngadugikeun masalah ka anjeunna. Jadi, aya 
contona. Sakali deui, leres heunteuna informasi ti jin, gumantung 
kakuatan ("antene") anu nampina.

Ayat ngeunaan "ruh teh urusan Alloh" heunteu ngamustahilkeun 
kamungkinan jalmi uningan (sok sanaos sakedik) ngeunaan ruh. 
Kecap "Al-Amr" atawa "Amrulloh" di dinya ngandung hartos anu jembar, 
malah  mungkin eta Al-Amr" teh makhluk hirup oge (darajatna langkung 
luhur tina ruh). Wallohu'alam.

Tiasa kitu jalmi nyalukan (hubungan) sareng ruh? Dina Al-Qur'an aya 
ayat anu nguningakeun yen antara jalma-jalma anu ariman teh silih 
tulungan. Eta ayat heunteu netelakeun yen jalmi-jalmi anu ariman nu 
dimaksud teh ukur anu masih hirup. Hartina, tiasa bae silih tulungan 
antara jalmi anu iman anu parantos pupus (hartina aya di alam ruh) 
sareng jalmi anu iman anu masih hirup. Tingkatan "silih tulungan" 
tiasa ti ngawitan silih du'akeun dugi ka silih tulungan sanesna. 
Dina buku "Nafas Al-Rahman", hal ieu dijelaskeun langkung anteb.

Jeungna deui, numutkeun kayakinan Islam (minimal anu ku sim kuring 
kapendak), ruh teh ngawujud deui jadi fisik. Ngan fisikna gumantung 
amal urang masing-masing. Wajah urang engke gumantung sesembahan 
urang ayeuna. Upamana, lamun anu diteda ku urang sadidinten barang 
haram, tah anu bakal ngawujud teh nya manifestasi tina nafsu neda 
barang haram. Kapercayaan ka alam ruh ngarupakeun salah sahiji anu 
ngabedakeun antara sekulerisme sareng religiusme. Wallohu'alam.

Baktosna,
manAR




--- In [EMAIL PROTECTED], Deni Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> mang oman, na kaci kitu nulis sajarah ku metode "alam gaib" ?
> 
> maca postingan si ua sas kamari, siga buku "dialog dg jin muslim" 
tea, na
> sami kitu ? mun enya hasil dialog dg jin, yakin kitu teu di bobodo 
ku si
> jin ? heu heu ...
> 
> sareng eta deui nyebut-nyebut memanggil "ruh" na tiasa kitu urang 
salaku
> manusa urusan sareng "ruh" ? kapan dina Al-Qur'an di sebat 
keun "... ruh itu
> semata-mata hanya urusan KAMI" ... aeh punten nyanyahoanan .... 
> 
> punten pang medarkeun mang ... maklum kuring belet keneh ...
> 
> -- 
> wassalam
> d_wahyu
> public key ada di http://hercules.linuxindo.com:11371 
keyID=A968E682



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke