Satyaki teh sareng Burisrawa estu musuh bubuyutan pisan . Ari alatan pangna ieu dua Raja mumusuhan , lantaran masalah Putri . Eta Putri teh tos dijodokeun ku ramana ka Ramana Burisrawa , tapi ku margi ieu Putri teh saleresna mah tos kagungan kikindeuwan , nya eta Satyajid ti Lesanpura ; atuh der wae ieu Putri teh kakaburan , ampir dipergasa paksa pirusa ku para Denawa di hiji leuweung , untungna bae Satyajid kabujeng sumping , nya atuh tarung ragot pisan , dugi ka para rota Denawa teh dibasmi sadayana ku ieu Satyajid , nya dicandak ka Lesanpura . Atuh guyur , dugi ka perang pisan antawis Ramana Burisrawa sareng Satyajid . Akhirna ieu Putri teh disatujuan oge ku ibu ramana , nikah ka Satyajid . Nya ti harita Kulawarga Burisrawa neuteuli ka kulawarga Satyajid .NYa nikah ka Putri sanes deui , kagungan putra , Burisrawa .
 
Saparantos Burisrawa janten Raja , di na yuswa 20 taunan , kakara Satyajid kagungan Putra istri , nya eta Satyaboma , nu engkena ditikah ku Kresna ti Dwaraka . Sataun ti harita kagungan deui putra , kakasihna Satyaki tea .
 
Waktos Satyaki janten Prabu Anom , Aria Satyaki , sering ditangtang gelut patutunggalan sareng Burisrawa . Di na perang panah Satyaki rada unggul , kitu deui dina gelut teu nganggo pakarang , lantaran Satyaki kesit pisan . Tapi di na ngulinkeun pedang , Satyaki ampir ampiran lastari ku Burisrawa . Akhirna ieu mumusuhan teh , ampir ngajadikeun perang nagara lawan nagara . Ku margi Yudhistira tos diangkat janten Raja di Raja , sedengkeun Satyaki kacida nyobat dalitna ka Arjuna , atuh Burisrawa teh , ti harita mah pes wae teu wani wani nyisikudi ka Lesanpura . Tapi saparantosna Pandawa dihukum kedah leuleuweungan , ti harita sering pisan Lesanpura diganggu ku pasukan Burisrawa , lantaran Burisrawa teh nyobat dalit pisan sareng Prabu Duryodhana , jadi wani pisan ayeuna mah . Satyaki ampir ampiran ngerahkeun balatentara Lesanpura keur males pati ka na kalakuan nu ngahina ti Burisrawa , untung dipeper ku Kresna , lantaran upami tea mah Satyaki nekad , tangtos ajurna , lantaran kapan Burisrawa mah dibela ku Astina , Nagara anu sakitu gedena , balatentara pang samaktana ; teu acan deuih dibela ku Balarama rakana Kresna ti Madura . Atuh Satyaki teh najan keuheul jeung mentegeg oge kapaksa ari ka Kresna mah nurut . Keun cenah engke mun aya perang gede , tah didinya Sayaki bakal bisa males pati .
 
Tah kitu riwayatna , nu mawi Satyaki sanget nya palay pisan ningali ayana Perang BharataYudha teh .
 
Atuh di na waktosna aya uleman mepek balad , Satyki pisan anu pang payunna nuju ka Matswapati kalawan jigrah , ku seneng senengna Peperangan bakal ngajadi .
 
Hanca
Abbas Amien


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke