Nya kantos atuh sakang... ari ku basa kasar mah lain ngadidik alus, ngadon ngagebruskeun budak.. coba mun boga budak omonganna kasar, nu era saha?? ngaranna budak mah sok sagala diturutan, sok sagala dicoba? sanajan ku urang dicaram misalkan tong dicabak eta obat nyamukteh panas.. da can yakin panas, jol dicabak wae.. geus nyaho mah bener panas kakara teu daekeun deui.. jeung basa anu ku urang dipake, kadengeeun ku budak, geus yakin bakalan diturutan.. da ceuk paribasa urang Nagreg oge cenah.. Little pitcher have long ears.. kitu tah..
teuing da tibaheula resep wae ka budak teh, matakan jeung alo alo deukeut oge.. Baktosna, Ule * jauh ti anak, ngasuh anak tatangga. .tara ari ngasuh jikun tatangga mah.. sieun jadi matak -----Original Message----- From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, May 14, 2004 8:58 AM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: RE: [UrangSunda] FW: [Comm M] tolong kembalikan tangan Ita Euleuh kitunya kang Ule, Tapi ulah salah ku omongan leuwih bahaya, lamun urang ngomongna kamana wae, lamun omongannana kasarmah sarua keneh atuh jeung ngadidik anu teu bener ka anak. Lamun ceuk kuring mah eta budak teh di bere pengertian supaya nyaho, apan budakmah rereana hayang nyaho. Jadi ku urang teh di bere nyaho , kudu kitu kudu kieu, pasti eta budak teh bakal nurut. Tapi carana meureun heart to heart alias hati ke hati tea meuereun. Sakitu heula mangga teraskeun. Cik cik kumaha pamendak dokter psikologi (kitu upami teulepatmah) Sahanya anu jadi dokter eta? Cik sok atuh urang pedar... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

