Punten lain teu bela ka urang sunda. Agum meh euweuh prestasina dina widang
ngurus sipil mah. Geus teuing sabaraha taun ngurus perhubungan teu aya
kamajuanana. Nu aya tabrakan, tiguling, anjlok, kahuruan, jsjb. Aya ketang
ongkos kapal udara jadi murah pedah teu aya deui monopoli, tapi da eta mah
kawijakan menteri ekonomi lin ?. Ngurus Koni pon pilalagih, bulu tangkis
keokan, mindeng pisan di dage, PSSI ?, mun teu gelut, pasti nonjok wasit lin
pamaen bola urang mah.
Hamzah Haz jelema tanggung. Sarua teu aya prestasi nu pantes diagulkeun iwal
ti sok kabejakeun rea pamajikan. Mun ti PPP kuring leuwih kataji ku Jaelani
Naro atawa Ismail Hasan Metareum, hanjakal geus kolot atawa malah geus teu
aya dikieuna ?.
Jadi pasangan ieu mah rada teu pati purun yeuh. Katurug katutuh Agum sanajan
urang sunda da keukeuh ngakuna urang Indonesia. Boa-boa geus poho balik ka
bandung yeuh, sakumaha ceuk mang J pan, inohong sunda mah mun geus jadi
urang jakarta sok poho ka sarakan sorangan.
Gus Dur + Teuing saha, aneh, maksa pisan hayang jadi persiden teh, geus
puguh teu pati sehat. Eta ceunah ngalanggar HAM, mun kitu mah sarerea atuh
instansi di urang ngalanggar HAM, sok we rek asup gawe kamana wae ge kudu
dipariksa kasehatan lin ?
Wiranto + Solah, aneh oge, nu hiji pelanggar HAM (bari can kabukti ge bauna
mah sangit), nu hiji Anggota Komnas HAM, lieur.
SBY + Yusuf Kalla, rada lumayan, tapi nitenan akrobat pulitikna rada
pikahariwangeun, mani aya acara luncat pager sagala eung, ti golkar ka
demokrat. Moal kitu jadi ciciren bakal ngahalalkeun sagala cara ?
Uing mah masih keukeuh naksir Amien, keun wae jawa ge da bageur (sugan kitu
ge, da urang teh keur milih politikus dalam karung tea pan).
-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, May 11, 2004 9:05 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] capres+wacapres anyar euy!
Meunang beja, alatan Hamzah Haz teu kapilih deui ku ceu Mega jadi cawapres
koalisi koala... Hamzah Haz rek naek miluan tanding jadi capres. PPP loba nu
milih. katilu asana mah (kahiji, golkar, kadua pdip, katilu, PPP)
ceuk cenah, Hamzah Haz rek ngajak Agum Gumelar jang cawapresna.
Istri Hamzah Haz urang Cicalengka. duka istri nu kasabaraha. haha.
Hamzah Haz urang Kalimantan. Agum urang Bandung Sunda.
Beu...ieu non-Jawa waranian mun enya teh rek tandang...! Alus...! mun Urang
Sunda hayang boga capres US deui siga jaman HMS + Umar Wirahadikusumah, tah
nu ieu pilih....! pan mun Hamzah Haz teu bisa terus jadi presiden, Agum naek
tah jadi Presiden RIT...!
kuring rek balik ka lembur, rek ngadon mandi di Citanduy, mun aya US jadi
Presiden RIT...! (inget2nya, bisi kajadian...!)
kamari2 aya jawa+ makassar: SBY + Yusuf Kalla
aya deui, nu keukeuh tea, jawa+makassar: Gus Dur + Marwah Daud
nu sejen mah, jawa+jawa:
amien+siswono,
mega+hasyim
wiranto + solahudin
Mj
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/