Abah tetep di na galur , da masing direka yasa oge , keukeuh pamali ari lumpat ka ditu ka dieu mah .
 
Nang neng nong ............ toroktoktok
 
Sinigeg anu nuju mepek balad , boh Pihak Kurawa boh Pandawa , pada pada ngirim iber ka nu bakal ngarojongna .
Atuh Burudl wae Raja Raja ngirimkeun pasukanana , pikeun ngabantuan ieu nu dua pihak , nu biluk ka Kurawa diantarana :
1. Gandara - pasti , lantaran ieu nagarana Sakuni
2. Banakeling - Nagarana Jayadratha iparna Kurawa
3. Nagarana Burisrawa
4. Nagarana Srutayu
5. Trajutisna - Rajana Prabu Bagadhata ( Boma )
6. Nagarana Susarma
jrrd
 
Anu biluk ka Pandawa , antarana nya eta :
1. Pancala - Prabu Drupada mertuana Pandawa Lima
2. Matswapati - Pribumi , musuh pisan Astina
3. Nagara Kasi
4. Magada - Jayatsena
5. Cedi - Dresta Ketu
6. Lesanpura - Rajana Setiajid
jrrd
 
Nakula Sadewa khusus ku Yudhistira dipiwarang ngulem ka Prabu Salya ti Mandaraka , lantaran anjeunna kapan Rakana Dewi Madrim , ibuna Nakula Sadewa .
 
Ari Arjuna khusus kanggo ngondang Kresna , supaya kersa biluk ka Pandawa .
 
Demi pasukan Kurawa , Duryhodana oge kedah miang nyalira ka Dwarawati ngangkir Kresna , supados biluk ka Kurawa , engke satutasna ti Dwarawati , kedah enggal ka Mandura ngangkir Prabu Baladewa atanapi Balarama tea .
 
NYa atuh para utusan teh sami sami gesat gesut ngudak waktu ka Nagara nu dituju .
 
Cag heula .............
 
Abbas Amien


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke