Kuring panasaran kana ieu artikel, nya nyaksrak di internet, manggihan 
sababaraha artikel nu sarua nu asalna ngarupakeun carita ti urang Melayu 
(jigana mah Malaysia).
Ceuk kuring, aya hal nu perlu diperhatikeun ngeunaan artikel nu samodel 
kieu, nu ngaitkeun antara sains jeung kaimanan. Nu utama, urang ulah 
langsung kitu bae neureuy buleud beja model kieu, mun perlu mah naroskeun ka 
nu ahlina. Misalna dina beja nu didugikeun ku Kang Iyan, matalikeun sifat 
cizamzam jeung bentuk molekulna. Nya kabeneran, kuring baheula ngulik kimia, 
saeutik-eutikeun mah nyaho naon anu dimaksud.
Kahiji, ngeunaan kecap "molekul". Molekul hiji zat, rorongkongna mah sarua, 
najan wujudna bisa wae gas, cair, atawa padet. Molekul cai disusun ku 3 
atom, dua atom hidrogen (H) jeung hiji atom oksigen (O), sahingga katelah 
sok disebut H2O. Rorongkong molekulna, salila masih keneh kasebut cai, 
tetep, ngabentuk V
H   H
\ /
 O
Bentuk molekul ieu teu bisa katempo bungkeuleukan kitu bae, kudu make 
parabot nu canggih, sagede gaban ceuk basa nu gaul mah. Digambarkeun model 
di luhur ge ukur kira2, da nu sabenerna mah teu (can) kungsi aya nu bisa 
moto.
Balik deui kana jejer, yen nu ditembongkeun na gambar mah, jigana, kristal 
cizam-zam, lain molekul cizamzam (model sok aya ditembongkeun foto kristal 
salju nu endah). Ari cizam-zam, lain ngarupakeun cai murni nu ngan dieusi ku 
H2O, tapi ngarupakeun "larutan", cai nu ngandung rupa2 zat. Cizamzam 
sorangan, ceuk batur, loba ngandung karbonat. Perkawis hasiatna sacara medis 
nu katalungtik sacara empiris/ilmiah, kuring can nyaho. Tapi ngeunaan 
statusna nu istimewa, eta tangtu ngarupakeun hiji hal anu diaku sacara 
kaimanan ku muslim sadaya.
Sakitu heula meureun sawangan kuring ngeunaan hal ieu. 

isk 

[EMAIL PROTECTED] writes:
> Salah sahiji Ustaz  nyaeta staz   Abdullah  Mahmud anu ngahadiran
> seminar ngeunaan cai anu mana dina seminar eta lolobana anu hadir teh
> lain urang islam tapi agama anu lainna ngan duaan , penceramahna teh
> hiji professor Cai anu asalna ti nagara sipit nyaeta jepang tea.
> Manehanana nunjukeun hasil panalungtikanana ngeunaan cai. Sababaraha
> lambar anu di tempokeun dina layar bodas ka peserta seminar anu hadir.
> Conto-conto cai anu di candak ti sababaraha liang cai ( walungan, laut,
> sumur jrrd)di tingalikeun aya macem macem bentuk sareng susunan molekul
> molekul cai eta. Aya anu siga saolah-olah JIN sati samar-samar, teu pati
> jelas ( ceulina gede teu pararuguh, tanukan, jrrd pokonamah goreng weh
> jeung pikasieuneun. Tuluy si Professor teh ngomong" masih keneh loba
> conto-conto molekul cai anu lainna tapi bentuk jeung rupana ampir sarua,
> ayeuna si professor rek nempokeun conto molekul cai anu lain ti nu liana
> alias special tea cenah anu geus di tempokeun tadi"


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke