Haturan Kang Siddik,
Nepangkeun heula bilih hilap, abdi Hendri ti Cikarang.
Kawit teh ti parungkuda sukabumi, janten terang pisan ka cimalati mah da caket.
Kalih ti kitu pun bapa kantos damel di kacamatan cicurug. Tah kumargi kitu abdi
mah sapuk pisan upami aya kongres boboran siam di cimalati. Keun bilih peryogi
seksi cakah-cikih mah panginten tiasa ngabantos.
baktos,
pun
hendri
-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, May 05, 2004 2:02 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Hayu atuh dulur-dulur, mangga para baraya !!!Punten ah !!!, ieu ngiring mairan perkawis silaturakhmi US saba'da boboran siam tea. Upami ngahephep mah sieun disangki jalmi teu tanggel waler !!, margi abdi kalebet kanu ngojok-ngojokna, heheheh !!!Perkawis tempat sim abdi nembe kenging informasi dua tempat kanggo piliheun ;hiji : Vila di Cipayung !, anu kaduana ; Taman Rekreasi Cimalati, Cicurug, Sukabumi (upami nu tiasa/bade ngiringan, seueur !!!).Dinten na oge teu acan katangtoskeun naha kaping, 21/22 Nopember 2004 atanapi ping 27/28 Nopember 2004.Tah !!!, kumargi waktosna masih lami, bilih bae para wargi kagungan usulan tempat atanapi dinten anu sanes, mangga dihaturanan !!!Sanes kitu tah para Saderek !!Pihatur,S. Siddik Wiradireja
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

