Bagea Kang,
Mangga wilujeng dumuk di lembur bakus. Sing betah, sing tahan bouncing da
wargi di dieu mah cerewed kabeh. Siap-siap serat ngaleut ka komputer Akang.
Sok ah geura medar pangalaman palamitra, sugan aya pulunganeun sarawueun sa
tangkeupeun.
Nepangkeun abdi hendri, balad Neng Ani di pabriks, di kompleks, di rorompok.
Langkung ti eta mah teu wantun nun.
cag
-----Original Message-----
From: Ani Puspita
Sent: Friday, May 07, 2004 1:45 PM
To: '[EMAIL PROTECTED]'
Subject: RE: [UrangSunda] Wilujeng Tepang Paanggang
Walaikum salam wr.wb
Kang kalebet tong isin-isin geuning di cikarang oge linggih teh ??, atuh
nepangkeun abdi wasta ani sami nuju macul di cikarang da kawit mah ti
Subang, cikan palih mana cikarang na kang, abdi mah damel di EJIP upami
linggih di Cikarang baru, anu di Cikarang teh aya kang Hendri, Kang Surya,
kang Toni, Kang Hari saha deui nya ???
Mangga lajengkeun....
Baktos,
Neng an...
*Sagalak-galakna maung moal jahat ka tatanggi hi..hi..hi...
-----Original Message-----
From: Hari Muslihat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, May 06, 2004 10:41 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Wilujeng Tepang Paanggang
Assalam Mualaikum Wr. Wb
Bapak, Ibu, sobat sadaya sim kuring bade ngawiwitan dina ieu
kancah,punteun bade neupangkeun heula langkung tipayun kadulur balerea
anumana wasta teh upami dipercantenmah Hary Moch. Muslihat linggih di
Cikarang-Bekasi tapi upami asli mah ti Garut. Kukituna pamugi Sim Kuring
tiasa dilebetkeun kana forum ieu kalayan tiasa saling tukeur emutan.
Mung sakieu heula prakata ti sim kuring, salam kenal kasadayana.
Wassalam
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/