Aya deui kang !!!, kanggo nambaan anu gering parna sapertos kitu mah, sajabina anu parantos dipedar ku akang !!!, nyaeta dioperasi, mung tangtos meryogikeun biaya anu...hekkk !!, meryogikeun getih anu teu ka etang jumlahna kanggo infus salami dioperasi, sajabina ti eta, tatu tilas dioperasina oge moal cageur ku sabulan !!!.
Kumaha tah !!, naha bade diantosan hos na !!!, palias !!!
Pihaturna
SSW+
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Maca posting MJ, "Agus Wirahadikusumah" (AWK) aya anu matak ngahudangkeun deui pipikiran. Eta ngeunaan beja anu gering parna. Tetela geuning anu gering teh parna pisan. . Enya, 4 poe ka tukang, waktu papanggih jeung hiji dokter, Kang dokter teh ngabejaan, Indonesia, cenah, keur gering parna. Gering ku sabab loba dosa-dosa, anu ceuk pangangken AWK dina posting MJ tadi, dosa-dosa teh dosa-dosa Orba tea.Panyakit bangsa Indonesia, anu meureun saur Kang Irfan mah, sumberna teh mutan, mutan anu lahir tina pangaruh lingkungan anu diciptakeun ku rejim Orba. Ieu panyakit pang karasana dina kawijakan pamarentahan, khususna kapagawe-negrian jeung aturan "ke-proyekan", oge aturan tataniaga hasil tatanen. Teuing, sigana mah aya kahayang nanjeur dina kakawasaan, matak dirancang sistem pamarentahan anu ngabalukarkeun NKRI teh gering parna.Pamarentah anu kuat, malah rada otoriter sabenerna mah, anu nyalindung dina gelung demokratisasi ala Pancasila, heunteu merhatikeun pangwangunan "kawijakan politik", mimiti nyiptakeun mutan anu kacida bahayana. Ieu mutan teh ngagorogot sistem hukum tepi ka jadi teu baleg. Upamana, nu maling hayam mah dikekeak tepi ka sakapeung mah maot sapada harita, tapi ari anu korupsi milyaran mah malah dibebaskeun. Anu pikaseurieun mah eta palebah anu wajib pajeg milyaran, heunteu mayar pajeg, malah bisa narik duit "kaleuwihan pajeg". Si mutan lain bae ngakibatkeun hukum jadi katideresa, tapi oge nyiptakeun bangsa anu satemenna aya bahan pinter jadi bangsa anu bodo katotoloyoh.Enya teu rek bodo kumaha, unggal tahun duit dimonyah-monyah atas nama pangwangunan. Tapi tara dipariksa, nepi kamana hasilna pangwangunan teh. Aya ari pamariksaan mah, ngan gegedena anu dipariksa teh ukur kuitansi. Duit poryek lolobana dikerekeb ku sababaraha individu, cenah pikeun "pemerataan" panghasilan. Naha kunaon lain taekueun bae gaji pagawe negri bari jeung prak laksanakeun aturan hukum anu panceg nyoko kana udagan prestasi tinimbang nipu masyarakat ku ngajual "proyek"? Enyaan, mutan teh jadi matak lieur.Anu gering parna teh siga teu aya harepan. Sabab ayeuna anu rek jadi pangagung pangluhurna di ieu nagara aya beja ti golongan anu baheula miara mutan. Siga anu teu kapokeun nya kulawarga nu gering teh. Panyakit ti mutan anu baheula bae can cageur, malah tambah parna, tapi geuning kalahka arek ngondang deui juragan anu resep miara mutan atawa anu teu bisa ngaleungitkeun bibit panyakit. Lamun mutan teh ngagorogot awak bangsa salila 32 tahun, keur nyageurkeunna, nya meureun perlu waktu 32 tahun oge. Eta teh almun salila 32 tahun kadieunakeun heunteu lahir mutan sejen anu sarua jahatna.Ngobrolkeun panyakit bangsa akibat mutan moal aya tungtungna. Bari diuk ngadaweung, inget kana ngimpi goreng peuting kamari: ngimpi nempo gagak ngelak na tutunggul, tutunggulna tambah loba da geus pesen deui bae ti Ambon, Riau, Poso, jsb. Kasedih jeung kareuwas katambah-tambah waktu ras inget ucapan Kang dokter basa anjeunna pamitan:"Ari pasen anu nandangan panyakit parna teh aya dua kamungkinan anu sarua teu pikangeunaheunna, boh keur si pasen atawa kulawargana: teu diobatan matak tambah parna, malah bisa ngabalukarkeun pasen teh teu aya dikieuna; diobatan oge ngandung resiko anu sarua bahayana, bisa-bisa si pasen teh teu kuat, alias tepi ka perlayana, dina eta proses pangobatan".Moal kitu Indonesia oge kudu diobatan sakumaha ngobatan pasen anu gering parna, upamana bae, kudu dioperasi kalawan sagala resikona? Haturan juragan loreng, pamugi bae salira tiasa ngaoperasi pasen anu namina NKRI.Baktos,manAR
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

