Tadi peuting ngobrol jeung budak (7 taun jalan 8)..."Neng engke Juli kaping 5 pere deui.." biricit budak teh ningali kalender,..."Geuning teu beureum..?!" Kuring ngajelaskeun yen dina poe eta teh aya Pemilu deui pemilihan presiden, terus kuring nataan hiji hiji calon, kuring nyebut hiji ngaran si eta anu rek dipilih teh,...budak malik nanya ..Naha Abah kenal..?" Kuring ngahuleng, disebut kenal da henteu, tungtungna kuring nyebutkeun kulantaran mindeng ningali dina TV jeung aya buku karyana. Budak cicing teuing ngarti henteuna mah.
Rada ngahuleng puguh ge, milih presiden teh keur mah anu munggaran, palebah dieuna mah enya asa dihargaan ku pamarentah teh dibere kasempetan keur milih pamingpin, asa kaaku jadi rahayat, ngan palebah kudu milih saha...tah palebah dieu bingungna teh. Mindeng mireng nu cumarita dina TV, nu kampanyeu, tapi ngan saukur sakitu. Sedengkeun keur muring mah milih teh hartina sagemblengna kuring mere mandat ka inyana keur mawa ka karaharjaan, kuring neundeun harepan, kuring masrahkeun harepan kahareup ka inyana. Mun seug kuring salah pilih, beu tangtu bakal kacida handeueulna. Milih saha atuh..? atawa nurutkeun kereteg hate we kitu ?,intuisi tea, teu kudu teuing make itungan. Wallohualam. MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

