Masih keneh usul nu asal-asalan ti jalema usil !!!!
 
Sateu acan neraskeun ieu lalakon sim abdi salaku supir !!!, nyuhunkeun kapara panumpang supados ngajagi kasalametan masing-masing, nyepengan naon anu tiasa dicepeng, naha bade nyepeng beuheung, nyepeng cangkeng panumpang gigireun kumargi jalan anu bade disorang seueur anu gudawang katambih-tambih ieu kendaraan henteu nyayagikeun pamuntangan, nya kitu deui sabuk pangaman.
Supir henteu tanggel waler upami aya panumpang anu ngacleng kaluar atanapi benjut sirah kumargi embun-embunan nyundul lalangit mobil.
 
Mangga urang ngawitan ......ke tos dugi kamane ieu teh nya ???...hilap deui, dasar limpeuran..!!!, ke urang tinggali heula dina file ....
Tah geuning .... mindahkeun IBU KOTA ieu rekiblik !!!, cenah eta tos dipatok ku Undang-undang (upama tea mah aya), alaaaah pan undang-undang teh damelan manusa !!!, geuning dinagara deungeun oge tong boroning sifat buatan manusa, ari teu mawa kamaslahatan mah !!!, dalah buatan Pangeran oge teu weleh dirobah !!!, aya gunung dipapras laut diurug dijanteunkeun perumahan rahayat, dijantenkeun pasawahan, dijantenkeun areal indutri sareng sajabina anu mawa kana kasajahteraan rahayat sakumna !!!!.
Kamana cenah mindahkeunana ???, ihhh abdi moal rek pipilueun teu langkung anu dibarendo !!!, naha bade katatar wetan, bade ka pulo Sumatra, pulo Kalimantan, pulo Sulawesi atanapi Irian, teu langkung teh teuing, atanapi bade engke ngantosan tos beres pemilihan presiden,
IBU KOTA dipindahkeun kadaerah asal Presiden, supados Presiden upami hoyong kalembur teu kedah apung-apung nganggo kapal hiber !!, cekap naek angkot...jol bae ka bumina.
Mung bae upami sim abdi dipaksa kedah nuduhkeun tempat pi Ibu Kotaeun, sim abdi mah bade nujuk pulo Batam (hag !!! tah tah urang Batam), alesanana :
1. Ibu-ibu pangagung anu sok resep ngawur-ngawur devisa nagara ka Singapur, teu kedah cape-cape naek kapal hiber, cekap meuntas nganggo motobut.
2. Para pangagung anu sok pulang anting rundang-runding ka Singapur, kasabab seueur teuing kawijaksanaan tipamerentah Singapur anu ngarugikeun pihak Indonesia, teu kedah cape-cape turun unggah kana kapal hiber, cekap meuntas naek parahu motor tempel,
atanapi naek kana tangkal kalapa anu luhur bari nyorendang megaphone, kantun gantawang-gantawang bae tidinya !!!.
 
Tah kauntungan kanggo TS, upami eta Ibu Kota ngalih !!! , sajabina ti pangeusi TS ngirangan oge lahan TS nambihan kirang langkung 670 kilo meter pasagi ditambih ku kapuloan sarebu, tuh !!! pan untung TS.
 
Tangtos ieu proyek sanes garapeun samemeh nyarap, disebatna oge mega proyek !!!, namung teu acan sabaraha upami dibandingkeun sareng usulan anu kadua !!!! (bakal diguar dina jilid anu katilu !!! anu wallahu alam iraha medalna !!!, ieu oge gumantung kana waragad KUSNET) namung sanaos kitu, upami ieu proyek janten dilaksanakeun,
henteu pamohalan, bakal seueur pangagung anu ngadadak janten miliuner !!!.
 
Mangga sakitu heula nun !!!, ieu biwir panon parantos rapet karaosna !!,
permios bade ngahanca heula !!!!.
 
Pihaturna,
Kebluk
 
  
  
 
   


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke