punten telat, nembe tos rapat ujian akhir heula

kongress, nu sumping:
1. bah willy
2. tati
3. ani cikarang, 
4.hendri + kel (cikarang bekasi)
5. Aki Aang Wahyono
6. Kang Tatan Sucofindo
7. kang Iskandar 
8. Puppi (ka uleman heula)
9. kang Oman
10. Ua Sasmita
11. Mantan calon DPD, pa Rasidi, dosennya Hendri di FH Unpad
12. kang Boim

bah Willy teu tiasa lami, da bade teras ka Sukabumi. Om Teddy pamanukan sumpingna 
sonten, ngan bade ngaborong kaos wungkul 2.

Jejer Utama kongress, nya ngaguar pangalaman oge kasang tukang pa Rasidi -dosen FH 
Unpad, kolega Pa Muchtar Kusumaatamdja-, nu kantos ngirin janten calon DPD ti Jawa 
Barat. Ari DPD teh kahayangna mah sarupaning SENAT di amrik. jalmina disebut Senator. 
mung nu milihna kirang, janten pa Rasidi teu tiasa ngawakilan wilayah Jabar ka 
Senayan. nu kahiji teh gan Ginanjar Kartasasmita.

Alesan teu kapilihna pa Rasidi, nya kumargi anjeuna kirang dikenal ku masyarakat 
Jabar. cenah mah, janten calon DPD teh kedah aya tanta tangan sareng potokopi ktp, 
minimal 5000 jalmi. 

Salah salima cita2 pa Rasidi teh, diantawisna, hayang ngarobah atawa ngusahakeun US 
ulah jadi jongos di lembur sorangan cenah. beu. hese eta udagan teh saleresna mah.

Pa Rasidi ngaraos reueus aya yayasan oge kumpulan US dina internet. Anjeuna miharep 
aya oge ramat lancah di darat.

mangga kanu sanes nyerat laporanana masing2....

-------
Dinten Senenna, 3 Mei, si kuring sareng Ua Sasmita, oge si Aki sareng ibuna si Eneng, 
dina Kijang Biru si Ua (aya pantoan eyeuna mah, nu bodas mah -nu kapungkur- teu aya) 
Ka Walahir, Desa Kidang Pananjung Kecamatan Cililin Kab. Bandung tea, nganteurkeun 
dana sumbangan Program Paduli Cililin, nu alhamdulillah, dugi ka Senen enjing2 kembel 
dana Rp. 3.250.000.-

di sumbangkeun ka Posko di lokasi Longsor, Rp. 3.000.000.-, sareng kanggo ongkos ojeg 
ka lokasi (tiluan ti parkir mobil, Rp. 45.000). tadina sesana kanggo bensin sareng 
supir, tapi ku si Ua Sas diwagel, nya di ka kencleng YP KUSnet keun (Rp. 180.000)


Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark
Printer at MyInks.com.  Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada.
http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511
http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke