Alhamdullilah oge teteh pangesto....
Nembe teh tas hanjat ngarambet teh, teras ka saung nyampak kang sidik, sareng kang iyan keur nunguan.......ngajakan ngariung rek muka timbel , da manehna ge sarua tas hanjat macul, sawah sakotak di paculan kuduaan, tapi teu anggeus-anggeus teuing kunaon...?? teh netty ari diditu osok ningal anu ngarambet..!!, naha kumaha ari nyawah diditu..? oge kang Sidiik diditu osok aya anu ngarambet tara...?sok ah...carioskeun ka teteh hoyong terang. Kumaha upami di urang tos robih teu nyawah teh, ti baheula kitu2 keneh.....mun heunteu teh, naon damelna eta dep pertanian..?? cing atuh ngemut.....he he.....punten ah.....,si teteh hoyong ngarobih teknologi persawahan...kumaha kang Yaya..........nyawah anu praktis teh kumaha?
 
Salam
Anu sono ka lembur
teh tien
Nety Martin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
alhamdulillah damang teh..
kumaha sawangsulna teh Tien?
Kamana bae atuh teh......meni lami teu katinggali.
aduh sono.....,teu kengging ngarambet bae teh.
barayamah ngantosan didieu.
bagjalah tiasa ninggali teteh deui.
 
baktos
nety  

teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng wengi ka sadaya baraya di lembur kusnet, kumaha daramang....?
Kang siddik, kang Iyan....kumaha wartosna..? Teh Netty Martin....damang teh..? kang Oman, kang yaya, kang iim, kang abbas.......
Neng Ani damang..? neng pupi oge kumaha wartosna ? .....ah , kasadaya wae atuh nya...kum wae ieu mah.......tos sono si teteh, rada arang ngulampreng.....alatan pakeupuk......
Mangga lajeungkeun.......
 
Wassalam
 
Teh Tien


Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke