Rampes nun........

Aya kitu kang Braja, Dukun sapertos Bah Dinta, emh......hawatos nya, alatan
para carogena ngalanjur nafsu anu teu puguh para istrina janten katarajang
panyawat syirik, na'uzdubillah.......tong boro nyuhunkeun tulung ka Dukun,
dalah ngalengkahkeun we sampean na nuju ka dukun oge apanan teu kenging.

Kang Braja, asa nembe ngadangu aya riwayat istri nabi anu mana tah anu
nyarande ka tangkal cau teras cauna tutung alias geheng teh ?
Maksad salira teh janten kenging nyandung asal tong kanyahoan ku istrina
kitu, sanes ?

Nuhun,
~ANi

-----Original Message-----
From: brajadhipa [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, April 27, 2004 7:57 PM

Sampurasun...

Hapunten abdi ngiring ngengklokan,  mireng wangkongan ngeunaan 
nyandung mah, sok hoyong ngadadak janten lauk buruk milu mijah. Etang-
etang ngawanohkeun wae ieu mah, da abdi kasebag pamaen enggal, tapi 
pamaen pribumi, sanes pamaen asing.

NYANDUNG teh singketan tina Manyan Padungdung. Demi anu namina 
padungdung, tangtos we rada nyaketan kana palagan/perang. Dumasar 
kana panalungtikan ilmiah Bah Dinta (dukun lepus ti Cigorowek), data 
tamu nu ngageuri alatan dicandung teh taun ieu undak 45 %. Tangtu bae 
Bah Dinta rada munel penghasilanana, margi anu tatamba teh ngamplok-
na sok rada kandel. NU penting tamu (istri) teh, hoyong salakina 
geura-geura megatkeun anu ngora.
Perkawis nyandung (sanes pedah abdi teu acan kaagehan hiji-hiji 
acan), balaka wae kurang sapamadegan. Teu aya hiji istri oge anu 
ihlas dicandung. Cacak istri Nabi oge, basa nyebat "ihlas" bari 
nyarande kana tangkal cau teh, apan tangkal cau dugi ka gehengna. 

Janten, pami tiasa mah, mending ulah wae, kajaba henteu kanyahoan.

Kitu tah pamendak abdi mah.

Baktosna
Pun Braja Dhipa





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke