Ieu mah ngan ukur usul nu asal-asalan ti jalema usil.
 
Supaya ulah kapalang acak-acakan ieu tatar Sunda, yeuh sim kuring nyanggakan usul kapara wargi KUSNET !!! nganggo catetan :
Upami; Upami kagalih mangga galeun, upami teu kagalih ulah geuleuh !,
 
Urang nguriling heula !!!, lamun dokter ngubaran hiji pasen, sok ngadiagnosa heula, tetelepek nanya, kumaha karasana ti iraha karasana, naon kabiasaan si pasen, pokona sagala rupa ditanya, kakara dipariksa naha kalabotarium, X-ray, MRT, MRI  jeung sajabana, pikeun nangtukeun panyakit sipasen !!, tidinya dokter nangtukeun, naha sipasen kudu operasi, opname atawa cukup ku ubar !!!.
 
Balik !!, ka pasoalan tatar sunda !!, ari nu jadi sabab lantaran, tatar sunda nyanghareupan rupa-rupa masalah, anu teu aya ditatar sejen teh, taya lian kusabab ngaburudulna etnis-etnis non US daratang ka tatar sunda,
Tah anu jadi sabab lantaranana teh naon ?, naon anu jadi beusi sembrani panarik etnis non US daratang ka tatar sunda ?, lain pedah-pedah teuing US someah hade kasemah, lain pedah-pedah teuing alam parahyangan kacida endahna ?, lain-lain eta !!, sanajan teu bisa dipungkir eta sabagian daya tarik pikeun etnis non US daratang ka tatar sunda. Tapiiiii.... anu jadi beusi sembrani etnis non US daratang ka ieu tatar teh taya sanes !!!, kuayana IBU KOTA ieu rekiblik di wewengkon tatar sunda !!!, tah pan eta anu jadi gula panarik sireum-sireum datang ka ieu tatar teh !!!, eta bibit panyakitna !!!.
Tahhhhh... pikeun ngilangkeun eta masalah, taya lian urang kudu rela ngalepaskeun Ibu Kota Republik dipindah ka tatar sejen !!.
 
Mangga sakitu heula !!!, antos lajenganana dina jilid kadua, anu iraha boa medalna !!!, gumantung kana waragad KUSNET !!!.
Hahahahahha......
 
Nu mikancinta lemah cai tetep ngahiji !!
ssw.
 


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke