Tetela, geuning musibah teh sareatna mah ku leungeun manusa keneh ana kitu mah. Sakumaha dongeng Kang Sasmita, tatangkalan ditaluaran, diganti ku tangkal cau sareng tangkal sampeu. Kilang kitu, ayeuna mah teu payus upama silih salahkeun. Mending keneh sakumaha anu dikedalkeun ku Kang Sasmita, abdi ngarojong pisan upama KUSNET nyumbang, malah wajib hukumna. Sok atuh, ngadamel panitia darurat kanggo ngumpulkeun anu bade disumbangkeun. anggoan, emameun, artos, sareng naon weh, urang kumpulkeun. Namung (husus) kanggo nu tebih, supados gampil mah mending ku artos wae, mangga rekening-na diumumkeun. InsyaAlloh, sok sanaos moal pati ageung, abdi pasti bakal nransper. Hayu ah: Urang Sunda, Hudang euy...!
Baktosna Dhipa Galuh Purba --- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Bieu teh tas ti Cililin, kapapancenan nganteur Pengurus SEKAR (Serikat Karyawan), nganteurkeun sumbangan kenging ngumpulkeun ti para karyawan, mangkat ti Japati teh tabuh 10an tadi, dugi ka Cililin teh tabuh satengan dua belas, kukurilingan heula milarian Posko anu aya di sisi jalan, nya kapendak di Desa Tanjung, ari ka lokasi longsorna aya kana tujuh kilometer deui, di sabeulaheun gunung. > Di Desa kabeneran Lurah keur aya, nya atuh ka anjeuna we ijab kobulna, tapi keukeuh hayang ningali ka lokasina. > Kulantaran kana mobil mah teu tiasa da kabeneran harita teh jalan ka lokasi keur dihadean, jeung ongkoh leutik deuih, mun perewis teh tangtu hese, nya naek kana ojeg, nu ngajugjug ka lokasi teh ngan opatan, kana ojeg hiji ewang, beu eta mah netekna, tuur asa ngoroncod, leungeun teu eureun nepakan punduk tukang ojeg, supaya lalaunan, jalanna taringgul ku batu, ngan untungna teh teu keur hujan, jalan garing teu leueur. > Alhamdulillah nepi ka lokasi longsor teh tabuh satu, mengkol heula ka Posko darurat, nepungan patugasna, ngabejaan yen kuring saparakanca geus neundeun sumbangan di desa. > Di Posko darurat teh rada reugreug da ningali aya mobil ambulan ngabagug, atuh patugas kasehatan aya, patugas kaamanan aya (sigana mah ti koramil), atuh patugas ti Pemda ge aya, atuh dapur umum ge aya, malah harita teh katingal aya Sukarelawan ti PKS. > Antara Posko Darurat jeung lokasi Longsor teh rada jauh aya kana sakilometer mah, kuring nigali kumaha urut longsorna, enya sarua jeung gambar dina koran koran, sababaraha imah kalimpudan ku taneuh longsor, matak ketir. > Ceuk tukang ojeg mah gunung eta teh baheula mah pinuh ku tatangkalan nu galede, ngan ayeuna mah geus ditaluaran, diganti ku tangkal cau jeung sampeu. > Digigireun eta gunung aya gunung sejen ceuk tukang ojeg mah disebut "Batu Keupeul" cenah mah tempat karamat keur pasugihan, Walohualam palebah dinyana mah. > Korban longsor jalmana teu pati kaciri, sigana geus papada aya nu ngaku, da nu kaciri teh ngan ukur aya hiji tenda darurat, kitu ge pacampur jeung wawadahan sejen, enya kahirupan di pasisian mah apan "kekerabatan" (duduluran?) teh masih kacida raketna. > Mulang ti lokasi longsor rada gura giru, sok sieun kaburu hujan, eta kacipta jalan bakal leueur, nurugtug mudun asa leuwih paur manan waktu nanjak, sieun erem teu pakem, keur gawir nangtawing, jalanna renjul ku batu, sok sanajan pamandangan mah endah da kaciri ngemplong ningali Saguling, tapi angger we tuur mah nyoroncod. > > Ari KUSNET aya niat teu nyumbang longsor Cililin..? > > MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark Printer at MyInks.com. Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada. http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511 http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

