muhun puguh,to seseur kajantenan,tahun kamari nuju pas kaleresan uih kabandung,di garut aya kajantenan nu sarupi,teh nety ninggali kagarut alah meni sararedih,
eh ayeuna ya deui ka jantenan di cililin,nya eta kedah di pasihan terang,ari tatangkalan di tuaran bae basti teu aya panahan gunung,akhirna kajantenan musibah longsor bae,nya eta teh nety oge sami hariwang,nya urang teh kedah siling wartosan ,sareng silih tulungan ,ari teu ku urang ku saha deui? kai di gunung teh teu kenging di taluaran,sareng teu kengin micenan sampah dimana bae,seur pisan akibatna.
eh kang mamat,teh nety kaduh buku bacacan anak anak ,tapi anu nganggo bahasa inggris ,bade di tampi moal.biasanamah teh nety sok ngintukeun buku anu bahasa inggris ka panti asuhan muhadiyah dago,atanapi kapanti asuhan kampung melayu.upami bade di tampi bade di kintunkeun.
 
hatur nuhun kana bantosanana.
nety

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulillah,...wilujeng tepang deui Teh Nety...!!
Mangga urang carioskeun ka MJ, nembe teh nyobian kontak ka MJ,...eh geuningan telepon abdi nuju hareeng....seepeun pulsana
Leres Teh, Cililin teh kedah dibantos, mung aya nu kacida pentingna nyaeta masihan pangartos ka masarakat didinya, saena mah gunung/munjul teh ulah dugi ka dugul, kakayon anu ageungna ulah seep dituaran digentos ku pepelakan palawija, nu "daya sangga" kana taneuhna ampir teu aya, padahal lampingna anu sakitu nangtawingna.
Abdi mah hariwang Teh.....hiji waktos bakal aya deui kajantena siga kitu.
 
MSasmita
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, April 29, 2004 7:53 AM
Subject: Re: [UrangSunda] Hallo... Hallo...

kang mamat wilujeng tepang
punten ,tadi abdi parantos ngintun money gram kanggo kencleng.(sakantena peduli ci lilin) anu di alatkeun ka kang jamal.
bilih anjeunan teu acan ngecek email ,punten pang wartoskeun,no pangiriman nana aya dina email pribadi anjeuna.hatur nuhun kana bantosan nana
 
baktos
nety



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke