Kang Dhipa...... Nuhun waleran na teu nguciwakeun, sumuhun ari emut ka dosa insya Alloh salamet nya kang he..he..he..reueus abdi mah ka pameget anu tegas, komo teu satuju ka perkawis poligami mah, asa mahluk langki he..he...he... hebat, nembean abdi mendakan kaum Adam anu teu satuju nyandung dan pernyandungan.
Mung, saur abdi anu bodo ieu mah, sadayana Hadist sareng Sunah Rasulullah, komo Al-Qur'an anu ku Alloh swt dibahas poligami sareng aturan na eta teh saleresna kanggo kamaslahatan ummatNa, ciri kanyaah Alloh ka UmmatNa, dicontokeun ku Rasulullah kanggo pedoman Ummat Islam boh kaum adam komo kaum hawa mah. Nyandung atanapi poligami tong dijantenkeun polemik anu ngahasilkeun trauma saumur hirup kanggo saha wae, umumna objek penderita ti nyandung teh kaum hawa. Janten sora anu paling vokal nolak poligami pasti kaum hawa sareng anu surak pasti kaum Adam, asa teu balance nya upami ninggal ka dinya mah karunya ka kaum hawa, janten kumaha carana supados ieu polemik teh teu ngaraheutan hiji kaum wungkul ? Upami di titenan tinu fitrah memang anu berhak kanggo kagungan istri deui dalam satu ikatan pernikahan mung kaum adam anu disebat istri anom/muda, tapi upami dititenan tinu kahirupan urang teu sakedik kaum hawa anu ngalakukeun "poligami" oge, janten objek penderita na tibalik janten kaum adam, mung presentaseu kasus istri "berpoligami alias selingkuh (da upami di legalkeun istri nikah deui pasti nikah alias moal salingkuh) teh langkung alit tibatan kaum adam. Kasus kaum hawa selingkuh diangkat ku abdi kanggo bahan pembanding yen anu menderita teh teu kaum hawa wungkul tapi kaum adam oge tiasa menderita. Mung upami masalah umum anu timbul mah kaum adam anu kagungan "panyawat" sok nganggo kedok sunnah Rasul upami nyandung teh, hal ieu nimbulkeun penderitaan ka kaum hawa anu didzhalimi, naha Alloh nurunkeun Al-qur'an kanggo nyangsarakeun ummatNa ? atanapi Rasulullah anu dina detik akhir nafas ninggalkeun raga ngucap "ummati.....ummati...." seja ngawariskeun kaketir ka kaum hawa ? mangga diwaler ku manah masing-masing....... Ka kaum hawa punten, upami pendapat abdi kalebet golongan "kiri" atanapi teu sapagodos sareng aranjeun. Abdi mah isnya Alloh mengakui praktek poligami, abdi mah ngahalalkeun poligami, poligami sanes mangrupikeun cucuk kanggo kahirupan rumah tanggi kaum hawa, kumargi salaku muslimah abdi cinta ka Alloh jeung Rasulullah anu ngandung konsekwensi tunduk sareng patuh kanu ajaranNa kalebet poligami. Kumargi Alloh anu Agung tangtos gaduh maksad dina nurunkeun ayatna utmaina An-nisa ayat 3 (upami teu lepat), jelas pisan dibaca sareng dihartoskeun ku urang sadaya, nyaeta syaratna ADIL, adil ieu teh tafsiran na kumaha eta anu janten masalah, saur abdi letak adil aya dina RIDHO istri-istrina sanes perlakuan ti suamina, upami saur istrina ridho, berarti eta suami teh tos adil kitu sabalikna, adil anu sanesna nyaeta saimbang dinu "takeran". Tapi anu janten masalah saha pamegetna anu tiasa ngajantenkeun manah istrina ridho ka sadayana laku lampah carogena, oge istrina anu kumaha anu tiasa ngalapangkeun dada kanggo ngecap "ridho" ?? Tapi upami abdi ditaros satuju atanapi henteu kanu poligami, kanggo ngawaler kedah di tingal masalahna sareng kondisi kaum hawa heula, lebet akal henteu, tipu muslihat sanes, syra'i atanapi henteuna kedah jelas nembe tiasa nangtoskeun "sumuhun/alim" kanggo urang salaku muslimah cinta ka Alloh nomor hiji, eta anu janten dasarna. Dinu al-qur'an aya solusi sareng hikmah, upami urang nyandak al-qur'an kanggo peta hirup insya alloh moal kasasar, tapi abdi mah masih tebih kadinya teh da sering ti kosewad wae, mugi-mugi abdi mendakan iteuk kanggo ngaluruskeun lengkah......... DOSA eta anu kedah diemut ku urang, kecuali kanggo jalma-jalma anu teu emut kana dosa sok nyelewengkeun "poligami" anu ngarubah imej maslahat jadi narakana dunya. janten tong poligamina anu dipikasieun ku urang tapi pelaku poligami anu nyimpang. Conto upami tos rumah tanggi, mapan gaduh putra/i, istri sehat tur walagri, naoan deui anu dipilari kecuali anu ngalajur nafsu berlindung dibalik sunah Rasul. Abdi teu panuju kapraktek poligami anu munafek samodel kitu, nimbulkeun madharat anu langkung ageung tibatan maslahatna mah. Loba barudak anu laleutik keneh korban praktek poligami anu munafek, ka istri-istri anu tos sering ngalirkeun cai soca kasedih saleresna eta si caroge anu ngahianat teh sanes ngahianat aranjeun tapi keur ngahianat ka Alloh. Janten abdi teu panuju upami hadist anu ngariwayatekun istri langkung seueur ti pameget dijantenkeun dasar kanggo ka halalan poligami "semu". Walahu'alam........ Mangga upami bade ngiritik pendapat abdi, kumargi abdi masih ngaraos seueur kakiranganna dinu pedaran ieu. Upami didiskusikeun oge mangga kanggo muka wawasan mah sae pisan, punten sundana acak-acakan pamugi tiasa dilereskeun. nuhun, ~ANi *saaheng-ahengna maung aheng keneh poligami he..he... -----Original Message----- From: brajadhipa [mailto:[EMAIL PROTECTED] Teh Ani (atanapi Ayi Ani), perkawis ulah katohiyan mah bohong. Dosa temenan upami dugi ka kitu. Sacara pribadi, abdi memang teu satuju upami istri dicandung teh --komo susulumputan mah. Margi kaalaman pisan ku raka (istri). Kumaha peurihna raka abdi. Harita, abdi meh unggal wengi ngabeberah raka. Ah sedih pokona mah... Sakitu heula. Baktosna Dhipa Galuh Purba ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Buy Ink Cartridges or Refill Kits for your HP, Epson, Canon or Lexmark Printer at MyInks.com. Free s/h on orders $50 or more to the US & Canada. http://www.c1tracking.com/l.asp?cid=5511 http://us.click.yahoo.com/mOAaAA/3exGAA/qnsNAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

