Leres sigana mah kitu, perkawis sajarah di TS teh, sapertos oge di China sateu acan dihijikeun/digabungkeun (tangtos na oge kalayan paksa) ku raja ti dinasti Chin (carios Sam Kok Chi).  
Perkawis propinsi SiDeGor atanapi naon bae lah namina, asana mah sapertos babagi alas anu di luhur, disapaliheun aya bau-bau ngekeyek ka US sareng ngajejewet TS.
Satujulah upami Banten sareng Jabar dilebur janten propinsi Sunda mah.
Muhun kang !!!, urang teh waktos TS masih ageung teu walakaya komo deui ayeuna upami janten tah SiDeGor, pisakumahaeun teuing US tambih-tambih teu walakayana !!.
  
Emhhh nangsib !!!
 
Pihaturna
SSW

[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyambung MJ sapulukaneun,
 
Pajajaran, ceuk sakaol, asal kecapna teh tina "Pada Sajajaran".  Dua karajaan gede turunan ti Tarumanagara harita, nyaeta Sunda (Sembawa) anu iboktana di Pakuan tea (bogor ayeuna) jeung Galuh (Ciamis ayeuna) kum karajaan dihandapna sewang-sewangan, dihijikeun kalawan "status" anu sajajar.  Nya naon deui, sok sanajan dina wangun karajaan, kawijakan ti luluhur ieu teh ari lain bibit buit federasi mah.
 
Jeung deui, sanajan disebut karajaan, di Tatar Sunda harita, modelna teh lain karajaan anu nyekel kakawasaan absolut. Tapi, raja leuwih mirupakeun simbol "pemersatu". Aya malah mantan wartawan anu ngaragukeun kana bener-bener ayana anu disebut "konsep" karajaan di urang sakumaha di Eropa atawa Jepang baheula. Sabab, cenah ceuk manehna, lamun enya teh karajaan-karajaan harita di Nusantara "konsep"-na siga di Eropa, naha kamekaranna ayeuna di urang beda pohara jeung di Eropa? Enya maksud manehna teh, ku naon ari model di Eropa atawa Jepang, karajaan-karajaan teh ayeuna jadi nagara-nagara anu demokrtais kalawan indikatorna kamakmuran anu leuwih ti urang? Tapi keun bae, soal anu akhir disebut bieu mah masih "debatable"-lah.
 
Bogor, Depok, Bekasi jadi Provinsi? walah, naon nya udaganna? ari ukur hayang misahkeun maneh mah ti Jawa Barat, bari heunteu ngudag udagan ngawalatrakeun kalohjinawian rahayat jeung lingkunganna, nya kana moal jauh baris malikan deui sajarah papasean (antara karajaan-karajaan leutik baheula atawa antara provinsi ayeuna) engkena teh. Enya benerMJ, kunaon atuh kawani teh sakalian bae ngusulkeun konsep nagara federasi tea.
 
Sakapeung sok aya pipikiran nalaktak, sugan kudu jadi karajaan deui Nusantara teh, khususna Tatar Sunda, tapi dina wanda karajaan model Jepang ayeuna. Enya, raja anu beunghar enggeus teu perlu naon-naon deui, teu perlu ku harta jeung tanaga rakyat; raja/karajaan alias ukur jadi simbol miara tintinggal tradisi.
 
Mending oge, Jawa Barat jeung Banten ngahiji deui, make ngaran Tatar Sunda. Provinsi Tatar Sunda, "keren"-lah. Tuluy bae para pangagung di luhur teh padungdeng unggal waktu, teu nanaon bari totonjok kana meja oge, asal anu dipadudengkeunna soal kumaha carana sangkan SILAS teh jadi roh kahirupan masyarakat, nurunkeun hukum anu adil, kahirupan rakyat nyoko kana pangwangunan prestasi ("Napakeun Diri"), ngudag "kerta bumi lamba" (kesejahteraan sosial yang adil merata), jeung mulasara "kabuyutan".
Baktos,
manAR

 


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke