Bismillah!

 

Haturan ka sakumna wargi US & Kisunda!.

"Mugia aya dina ka saean sareng panangtayungan gusti alloh nu murbeng alam, amin!" 

 

Hatur nuhun Uwa..., ditampi pisan ku sim kuring waleranna.

 

Perkawis ...ayi.....adi....teh upami ningal ti cariosan sepuh mah pedah pun bapa & ibu sim kuring teh pada pada jadi anak bungsu di kulawargana, jadi .... nya kitu, sim kuring milang ka dunya ieu, ku pun uwa, nini & aki disaur2...adi, kitu oge ku pun mamang.

Nanging perkawis bade disaur adi apa ayi, mangga atuh di wangsul keun deui ka uwa Didin.

 

.... muhun 'wa! mugi-mugi kuring teh leres ngabela nagara (pidua na atuh 'wa!). Kieu ceunah na mah 'Wa!, dina manah salira ieu sim kuring kagungan kahoyong .... kumaha supados kabudayaan sunda teh tiasa ngabantun dina  "Pencapaian Citra Iindonesia nu sae di dunia internasional (kapan ceunah lamun hoyong jadi "Negara Besar" teh kumaha kuat akar budayana)" khususnamah supados "kasundaan' urang teh tiasa "kinclong", janten "Raja di negeri sendiri" (saheunteu na mah).

 

Numut keun per kawis nu dimaksad ("Raja�) kuring mah sok ngaheulas, kieu pasal na mah��. kapan jaman kiwari mah seur geuningan urang2 deungeun (bule) nu tiasa nga gending, penca silat, jsb malahan urang2 salira jadi guguru ka maranehanana (orokaya�.ieu panginten salah sahijina du disebat pinuh/riweuh ku tang tung teh???). Komo deui pamuda-pamudi na, ceunahna mah disebat modern teh upami bedegong !!! (teu ngemutan naon nu dipikajadi kasopanan/adab/ budaya nu aya di "kasundaan"-pangapingkeun kuring 'wa bilih lepat!) 

 

Duka ti mana ieu teh panyabab na 'wa? Punten....!!! ceuk kuring�...: lepat bilih tutunjuk ka pangaruh luar nu lebet ka US !!, kirang leres bilih tutunjuk ka nu jadi sepuhna/ nu dipika sepuh/ guru/ pamarentah, nya kitu oge ka para alim-ulama!! (eta sadayana mah perkawis tehnis),ceuk kuring mah ieu teh perkawis "jati diri mulang ka asal", maksad na teh kieu uwa...

 

Mangga atuh urang paluruh di na hidep ieu sapertos :

 

naha leres urang teh urang sunda?

upami sanes! boa-boa eta nu jadi salah sahiji panyabab urang teu nyaah ka "kasundaan"

 

- keur naon jadi urang sunda?

upami hidep ieu hirup saukur kumaha prakna, ibadah, buburuh, luar-leor....mendingaan urang jadi "urang dunya/warga dunia/a world citizen".....nu jati diri na teh masih "burem" atanapi saenyana teu gaduh jati diri ???  .. nanging upami saenyana hidep teh US, kacida sae na upami lalampahan US teh tiasa mangpaat kanggo sabudeureun tatar, nagara komo deui dunya...tapi...lumpah-lampah na eta teh tiasa nyipta ti/ ku "kasundaan" tea.

 

- naon beda na, urang sunda jeung nu sanes na teh?

Tah..tah..tah, ieu pangpang na mah Uwa!, lamun ceuk basa keren na mah "analisa SWOT" kitu!.........bit heula ah!, Sim kuring nyuhungkeun dihapunten sateuacana ti Uwa Didin kitu oge ti balarea bilih aya nu lepat dina ieu pamaksadan teh.

Ieu mah pangalaman salira sareng rerencangan (US) nu karaos dina manah hidep, yen US mah ceunah na mah..... gagah na mah gagah, tata kramana oge kapuji lah ku sasaha (someah tea lin?), kawanen mah komo deui....satria/ tanggung waler/ wanteran/ gesit jeung kreatip.......nanging ti kituna, siga na mah US teh "terlalu" berehan/ narima keun sareng epes meer (teu tiasa lami sareng teu tiasa tebih ti lemah cai � panginten ku endah na tur suburna tatar sunda kitu 'wa? Da ceunah na mah ceuk urang2 deungeun "West Java was created when the God smiles") 

Perkawis di luhur (leres heunteuna mah, punten�mangga nyangga keun�.!) supados US tiasa jadi jalma nu "flexible" tur jati diri "kasundaan"na teh tiasa nyeples pisan, ceuk kuring ma, nu jadi "SWOT" eta teh kedah di emutan sareng dianggo (di olah) dina waktos, kaayaan sareng tempat nu "tepat" (merenah tur tumaninah ).

Contoh ti sim kuring kieu 'wa��..Upami US teh ngaraos berehan......nya kudu di atur atuh, berehan na teh ka saha? sanes ngabalukar ka saha bae (ieu teh sae tapi ...), langkung sae na mah, ngutama keun heula berehan  ka dulur2 (dulur sa kasur...sa dapur....sa sumur....sa tatar....sa nagara!!)

Iwal ti eta, ulah osok maen asong bae 'mun teu gaduh mah, kudu kreatip, kudu karunnya ka hidep salira atuh, ieu mah meuning mere batur dahar US mah ngegel curuk (sakali deui, sae mah sae ieu teh .....), nanging langkung sae deui upami batur di pasihan setengah/ dua per tilu na, US sapertiluna / satengahna.

Nu penting mah ameh aya harga na US teh, jadi kudu milu dahar, lamun di nu angka 1-10 mah, berehan 7 siki, ngepeul  na 3 siki... ulah ngeupeul kabeh atuh� da US mah teu siga kitu (ieu mah minangka na/ "metafor" na. Mugi ngeuna conto ieu teh, mangga disiar conto nu sanes na).

Jadi upami US tiasa pipilah "berehan" ieu, sakumaha lebetna pangaruh ti luar US (boh ti widang basa, budaya, sosial kitu deui ekonomi), bakal di tilik2 heula ku US, naha pangaruh eta teh pikahadeeun US salira, atanapi batur, atanapi US sareng batur??.

Lian ti kitu na batur oge anu bade mangaruhan (disangaja atanapi heunteu) bakal mikir 2 kalian, pasalna upami aya anu heunteu meureunah atanapi heunteu sae kanggo US, ku US bakal digieung keun atawa ditolak, yen eta pangaruh teh heunteu aya kasaeanna keur US.

 

- saha-saha bae dulur teh?

Ceuk kuring mah dulur-dulur nu dimaksad dina ngeunaan kana "kasundaan" teh nyaeta saha saha bae nu mikadeudeuh sareng nyaah (contona mah "pemerhati" budaya sunda) kana perkawis budaya atanapi langkung umumna kana "kasundaan", boh eta ti urang2 luar tatar sunda atanapi urang2 deungeun nu sanesna (ieu nu disebat ku sim kuring "dulur sabudaya/ sabasa/ saadab").

Seueurna mah, ku US salira teh sok dijabarkeun bungkeuleukan maksad tina "dulur", upami urang bule/jawi/ batak/ jsb nu saenyana nyaah kana "kasundaan" disebat na teh batur.

Nanging upami nu ceunah na mah US salira, nu hare2 kana "kasundaan" teh disebatna teh dulur (leres na ma leres!), upami kitu mah mangga atuh urang jadi urang dunya (ngemutan perkawis di luhur/red).

Upami lepat neumpatkeunna, ieu teh tiasa jadi mamala 'wa!(carek kuring 'wa bilih lepat), nya kitu �boa boa eungke teh batur nu jadi Raja/guru di tatar urang teh.

 

- hayu atuh sabilulungan sadulur-dulur urang silih asah, silih asih, silih asuh

Ieu mah perkawis praktek na, upami urang parantos tiasa numutkeun sareng ngajawab nu leres 4 perkawis di luhur eta� mangga atuh urang silih geuing keun, silih ngelingan kanggo kasaen tur kamajengan "kasundaan" urang nu "flexible" ngalangkungan sagala jaman nanging gaduh jati diri anu jelas. Conto nu kaemut ku sim kuring mah sapertos��"ririungan sarumpi" kitu (ieu teh upami teu leupat mah konsep :"dari,oleh, untuk  rakyat")?, atanapi ayana "Yayasan Perceka", jeung sajabana.

 

Conto nu gumilang nu insyaallah katampi ku sakumna US(mugia teu lepat), ceuk kuring mah aya dina sosok kapamingpinan Prabu Siliwangi (cenah na mah?) Anjeun na teh kapan tiasa ngarangkul kasadaya widang jeung aspek kahirupan kitu oge ka batur sareng musuh na komo ka rahayatna mah. Inti na mah anjeun na teh "flexible man" tapi boga jati diri....., kitu!! 

 

 

Aduh�..!!!  hampura kuring pun Uwa!! Hampura kuring para wargi!!

Naha jadi ngacapruk kieu??(gagaro sirah bari teu ateul tea!! Hihihi)

Punteun ah balarea��

�.lauk asin dina jeujeur��abdi isin amit mundurrrrrrrrr��

 

 

wassalam

 

-pun adi-

 

NB (Nam Bihan) :

Kieu ceunah ceuk Doel Sumbang mah (di tambihan sakeudik ku sim kuring):"Sok atuh geura hudang US, ti saprak eta (???) sare jeung sare bae.... aya usik 'ge �..nyata na  mah!... ngalindur.  Hudang atuh�...tong loba teuing sare, ke geura lamun hudang,  boa-boa kasur, sumur, tatar, nagara teh geus jadi milik batur �� Geura mimitian ti nu leutik, ti diri sorangan, (awas kudu ati-ati/ eling/ sadar) da batur mah  lolobana 'ge ngan ukur unggeuk-unggeuk bueuk."

 
 
 
-----------------------------------------------------------

Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa 'alaikum salaam Wr. Wb.

Wilujeng sumping, Ayi Adi ! Mangga langsung bae !
Ayi ........ Adi ........ ayi teh pan adi tea, kumaha ieu teh ?

Salam ti akang kanggo kanggo kang Lalan sareng sadayana bae anu aya di Abudhabi.

Wilujeng berjuang, ngabela nagara ! (enya kitu ?)


Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bismillah!

Assalamu'alaikum wr. wb.

Mugi parawargi US & kisunda aya dina panangtayungan allah nu maha
welasasih!

Sateuacanna sim kuring nyuhungkeun dihapunten manawi bilih cologog
kumawantun lebet dina milis ieu.

Aduh..!!!. bapak-bapak anu nuju dararepa, ibu-ibu anu ngajuru (nyempod
maksadnateh, punten lepat, warah kuring!)... meuni reueus kuring mah,
ningal aya milis US nu teu tanggung2 sa dunya (enya kitu?),
alhamdulillah! mugi aya na milis ieu teh tiasa nambihan cahaya "kasundaan" kuring
nu ampir-ampiran "pareumeun obor".

(Edas.... eta geura.. punten ah....naha blus blos wae ieu teh.) Nepang
keun, sun.. kuring, ti abu dhabi (pangapingan Kang lalan). Gaduh nami
teh Rudy tapi raos na mah di sebat Adi, kuring mah di lemah cai na teh
di..... Bogor tiasa, di Bandung oge moal ngahilapkeun. Damel teh
alhamdullilah di KBRI (ngabela nagara ceunah na mah ????). Bilih aya diantawis
parawargi US & Kisunda nu kaleresan ka "emirates" mangga atuh diantos
dirorompok, cikopi-cikopi mah insyaalloh di sayagi keun, kapan urang teh
dulur sakasur...eeehhh... dulur salembur lin?

Mangga atuh parawargi, nya ti sim kuring mah di ceukap keun heula dugi
kadieu insyaalloh tiasa ngiringan mairan dina waktos kapayunna.

Sakali deui hapunten! dupi aya nu kirang meureunah dina ieu cariosan
teh, carek, warah jeung pangapingkeun kuring. Da kuring mah hayang jadi
US nu merenah, geunah tur tumaninah (naha kadieu lumpatna??...eeh..
silaing mah!!).

Pribados Permios Amigos Gojojosssssssssss!!


Wassalam,

-Pun adi-



NB (sanes Note Bene tapi Nam Bihan ahhh) :
- Hapunten kuring mah anom keneh langkung sae di saur ayi bae batan
akang (sok isin kuring mah di akang akang teh sieun jadi DeLu alias si
Gede Hulu alias buta...hejo...hiiiiiii sieun pan???, hihihihihihi... heup
ah balem!).


           
---------------------------------
Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

[Non-text portions of this message have been removed]



---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com

to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.


Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT


---------------------------------
Yahoo! Groups Links

   To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
 
   To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
 
   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.


           
---------------------------------
Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

[Non-text portions of this message have been removed]



---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com

to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke