Nyuhunkeun tulung kapara wargi di babakan Kusnet, sugan sareng manawi aya anu kenal, uninga, nuhun-nuhun aya kandang wargina !!!
Tadina mah bade teras dipendem dina kalbu (tos 30 taun langkung), namung saparantos dibeuweung diutahkeun, asa pamohalan tiasa papendak deui !!.
Kukituna sim abdi maksakeun maksad muntang saraya kasadaya baraya katut wargi di KUSNET, sim abdi teh gaduh 4 rerencangan dalit waktos di SMEA II Wastukancana (siang) anu saterasna ngalih ka Cijagra, janten SMEA II Cijagra, Buahbatu, Bandung, taun ajaran 1970 ~ 1972, dupi jenenganana nyaeta ;
1. Dadang Rustama, harita bumina di Sukasenang/Karangsetra, Bandung
2. Ruswandi, harita bumina di Sukasenang/Karangsetra, Bandung
3. Sumarna, kawit/bumina di Limbangan, Garut
5. Rahmat, kawit/bumi di Ciawi, Tasik
Tah kumargi alamatna mung sakitu-kituna, dugika ayeuna bleng 30 taun langkung teu aya wartos.
Kukituna sim abdi nyuhunkeun tulung para wargi di Kusnet, manawi aya anu terang alamat eta rerencangan, mugia kersa ngajapri kaabdi.
Timpah rewu-rewu nuhun sateu acanna.
Pihaturna,
Syarifudin Siddik W.
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

