|
yeeee.... justru malah jadi nyantai...
iraha cenah acarana teh...
eta si edwin can mere informasina wae eung,
bisi handycamna kaburu di boking ku batur...
naha Siti Nurhaliza teh rek aya dina acara ulang tahun
Paguyuban tea lin..??
atawa acara lain...???
Ari ka Siti Nurhaliza teh inget kamari basa di RS. Budi
Kemulyaan,
baheula rencanana mun boga budak awewe hayang ditambahan
ngaran NURHALIZA (bari teu apal naon hartina...),
sugan we sagalana siga Neng Siti, ngaranna ge kahayang nu
jadi kolot... heuheuheu...
ceuk pamajikan wahhhh sigana geus loba mun make ngaran jelema
tenar mah,
ah moal lah da Neng Siti mah artis kakara tenar ceuk pamikiran
kuring harita,
ceg.... panceg we si utun teh rek ditambahan NURHALIZA dina
ngaranna...
ngan.... basa keur antri nungguan obat di apotek rumah
sakit,
"Anak Nurhaliza...." si apoteker ngageroan salah saurang
pasien didinya,
pamajikan ngalieuk ka kuring bari nyerengeh...
"Tuh aya geuning nu namina Nurhaliza teh... kumaha tah..??"
ceuk pamajikan nanya ka uing,
"Heuheuheu... enya geuning nya, geus aya nu ngaranna NURHALIZA
teh... boa-boa geus loba... heuheuheu...,
teu jadi atuh ah ari kitu mah... keun wae lahhh du'ana we
menta budak teh sing disigakeun Neng Siti,
boh sikepna boh salirana..... hehehe.... geus we lah make
ngaran nu saacana...
Panzi
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
Title: Message
- RE: [UrangSunda] Kuring Nyorangan.. Iyan.Suyanto
- Re: [UrangSunda] Kuring Nyorangan.. Kenzi
- Re: [UrangSunda] Kuring Nyorangan.. BKC0067
- RE: [UrangSunda] Kuring Nyorangan.. Iyan.Suyanto

