Sinigeug nu nuju milampah mepek balad , Duryodhana , masing haroream oge kapaksa angkat nyalira ka Dwarawati , bade ngangkir Kresna tea , anu engkena bade teras ka Mandura ngulem Baladewa atanapai Balarama .Teu kanggo pangawal kantenan ari pasukan mah .
 
Duryodhana nganggo kareta , bari samakta ku pakarang , lantaran perjalanan ka Dwarawati teh sanes caket , ber wae eta kareta teh mani laju , dikusiran ku kusir nu memang kapercayaan ti Prabu Anom Duryodhana .
 
Cag tunda nu nuju milampah perjalanan , kocapkeun di hiji leuweung antara Astina sareng Dwarawati teh aya Begal kalawan koncodna aya ka na 50 urang mah . Saha wae nu ngaliwat ka eta leuweung , pasti dipegat ku eta Begal , menta dunya brana , mun teu mikeun ulah sambat kanuaya tangtu ditelasan . Biasana ari ka Para Pangeran mah tara wanieun ieu begal teh , lantaran kapan Pangran mah sok mamawa Prajurit nu samakta ku pakarang , maranehanan nyumput di nu buni .
 
Tah waktu harita Prabu Anom Suyudhana ngalankung ka eta leuweung , para begal caruringhak ; ti kajauhan maranehanan awas aya kareta kacida agrengna , tangtu jelema beunghar , loba dunya brana yeuh cek pikir eta begal teh ; tah atuh barang Pangeran Duryodhana ngalangkung ka eta tempat , bruk wae aya kai ngahalangan jalan pisan , kudana mani ngajerete ; enggal wae Prabu Anom Suyudhana luncat ti na kareta . Teras nmbalan ka begal nu harita maraju ngaronom bari ngamang ngamang pedang :"Heh andika sakabehna ! Naon sababna andika megat jalan Kami ?!"
 
"Hahahahaahha , ieu jelema sigana geus bosen hirup , wawanian nanya ka Kaula ! yeuh dengekeun ku sampeyan .
Ieu Kaula Jugala Kapala Begal di ieu leuweung , sing saha wae nu wani ngaliwat ka ieu leuweung kudu masrahkan sagala banda nu dibawa , jeung karetana sakalian !"
 
Jaya Bang Winga winga , Prabu Anom Suyudhana kalintang benduna , saliana ngagidir , enggal nyarios mani tarik pisan :" Eh para begal ! Bisi maraneh kasamaran , nya Kaula ieu Prabu Anom Duryodhana ! Geuwat maraneh menta ampun , mungkin ku Kaula bakal ditimbang , ti na hukuman pati !"
 
Rada kaget oge Ki Jugala , tapi di na pikirna moal enya wae Prabu Anom Duryodhana anu sakitu dihormat ku sa Hindustan , bakal indit sosoranganan ; ah ieu mah aku aku angga we nyingsieunan meureun , Kitu pikiran eta kapala Begal , terus males nyentak :"Maneh Duryodhana , atawa Suyudhana , kuring teu paduli , nu penting tinggalkeun kareta , jeung dunya brana , jung wae maneh salamet ."
 
Ngadangu kasuran nu kasar kitu , teu tata pasini deui Prabu Anom Duryodhana nyandak gadana ngan sakilat ki Jugala teu bisa nakis nakis acan , langsung paragat nyawana sapada harita , polona moncrot kaluar !
 
Para begal nu sejenna kageteun , teu tata pasini deui rob wae ngahurup ; tapi Duryodhana teu gimir , teras cangcut tali wanda ; barang heak heak gada diteunggeuelkeun ; lima begal maot sapisan ; anu sejenna lalumpat ; terus ti kajauhan mentangkeun panah ; atuh rikat Duryodhana oge nyandak gondewa ; ngan sakilat sakilat eta rampok diperenan ' sesana nu 5 deui bari wer wer kiih ceurik ampun ampunan , yen ayeuna mah percaya yen maranehanana teh nuju mayunan Pangeran Duryodhana ; akhirna Duryodhana leler napsuna teras miwarang eta nu lima begal ngaberesihan jalan ; nya ku margi gurung gusuh dius wae Duryodhana majeng deui nuju ka Dwarawati .
 
Hanca


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke