Aya conto luluhur US anu boga watek kumeok memwh dipacok, elehan jeung watek-watek anu teu kapuji sejenna (babarian, pundungan, humandeuar, kukulutus, jsb). Seueur oge luluhur US anu mibanda watek kapuji, kayaning gede wawanen, wani melaan bebeneran, ngutamakeun kawalatraan sarerea, jeung watek-watek hade sejenna.
Kumargi kitu, aranjeunna anu gaduh watek sae nyerat sababaraha nasehat, saperti dina naskah kuno jeung prasasti, diantaran 4 paharaman anu kalintang mahingna (nyaram) ka urang Sunda ngabogaaan watek goreng anu 4 (babarian, pundungan, humandeuar, jeung kukulutus), oge ngancam ka urang sunda anu ngaruksak ngaruksak kabuyutan (prasasti cibadak, amanah galunggung). Dina naskah-naskah kuno sareng parasasti di luhur, luluhur urang oge ngebrehkeun peta laku aranjeunna anu pinuji oge soal kapamimpinan anu sae (ngertakeun bumi lamba, parigeuing, dasapasanta, pangimbuhing twah, jsb). Ku sakitu, kawajiban urang ayeuna boga patekadan pikeun neruskeun laku luluhur anu hade bari ariatna sangkan ulah ti tajong kana peta laku hirup anu dipahing. Dina soal Agum cawapres, apan langkung sae urang nguakeun patekadan ku kayakinan yen US oge mampu jeung bisa, sanes? Baktos, manAR Catetan: opat paharaman, dasapasanta, pangimbuhing twah, parigeuing, jst, diantarana aya dina buku "Rawayan Jati Kasundaan", karya Abah Surya, mangga araos. --- In [EMAIL PROTECTED], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Pokona US mah : Candu mundur pantrang mulang .........!!! > Moal keok memeh dipacok ................!!! > moal mundur memeh bancunur ...........!! > moal ngaku eleh samemeh ngagoler ...!! > > Derrr geura maju makalangan !!!, > tong sieun ku eleh !!!!, > tong rempan jadi pacundang !!!, > asal bersih dina niatna !! > asal lengkah aya na jalan Allah !!! > moal panasaran jadi pacundang !! > moal dijejeleh lamun eleh !! > > > SSW ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

