Hariring = nembang atawa ngawih
lalaunan.
Sulintang, hanjakal teu kapendak dina KUBS, nu aya
lintang, ngalintang= ngaliwat, kalintang=kacida, palintang=tali tina injuk
nu dijugang jaging, palintangan =elmu falak.
Hariring Sulintang sigana mah tiasa dihartikeun
ngaliwat bari ngahariring lalaunan, ari ngahahriringna tiasa naon
bae.
Upami
teu lepat Sulintang ge nami hiji tari Sunda.
Walohualam.
MSasmita
-----Original Message-----Wilujeng siang kasadayana.
From: E_Ruska_Nugraha [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, May 19, 2004 10:59 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] "Hariring Sulintang"
Bade naros baraya, tiap dinten saptu-minggu sim kuring
sok ngaos koran Radar Bogor, ari koran na mah ngangge
bahasa indonesia. Tapi dina tiap dinten saptu aya
kolom husus ngangge bahasa sunda nyaeta kolom
"Hariring Sulintang", ari nu dibahasna mah rupi-rupi,
diantawisna kaayaan pulitik sareng nu sanesna.
Ari maksad/hartosna "Hariring Sulintang" teh naonnya ?
Hatur nuhun sateuacana.
@ERN
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

