Ua Sas,
Patarosan anu sae pisan sareng panasaran abdi ge. Naha teu kapikir ku abdi kitu deu para wargi sadaya ngeunaan gunung Sunda. Ngadangu na mah enya mung naha teu kapikir iraha ayana. Kedahna mah diguar, komo cenah aya sesa titingal "nenek moyang purba Sunda" di guha pawon di Bandung.
Bandung teh hiji Plato anu aneh pisan aya daerah anu jiga kieu di "pedalaman" pulo anu pohara plate-na di Indonesia. Da ari di luar nagari mah seueur anu "plate" jiga kieu, sigana, da can ari kaluar nagri mah. Ningali dina gambar he..he..gambar nagri Belanda jeung kembang Tulip-na upluk-aplak satungtung deuleu.
Memang masih keneh jarang jalmi anu ahli dina sejarah zaman Pra sejarah. Komo urang Indonesia mah nyakitu deui urang Sunda, kanggo metakeun peta bumi Zaman Es pohara sesahna sabab siga kaleungitan siga urang SUnda anu sakedik sejarah Kasundaanana. Ahli zaman es oge can tiasa sigana metakeun hiji daerah di zaman es, sok ningal teh globe wae anu awalna tina benua Godwana tea (Godwana Land).
Hiji tantangan kanggo urang sadaya ngumpulkeun carita sajarah urang.
Ari keur mulang ka lembur heug jalan Bandung ngalangkungan Jalan Tol Padaleunyi heug tengah wengi abdi mah sok ngabayangkeun keur teuleum di sagara Sunda. Titingalian plung plong kaditu kadieu, ka kaler breh..ting kariceup lampu di sisi gunung, ka kidul mah lebeng poek ngan sakedik lampuna.
Komo dipirig pangamen ngahaleuangkeun lagu-lagu anu sedih, palebah lagu Mother, How Are You Today teu karaos berebey cimata, rek mulang ka lembur papendak jeung Indung Bapa. Aranglangka tukang ngamen teh nyanyikeun lagu Sunda.
Di tingali jam geuning tabuh 01.00 wengi, masih keneh dina beus duka tabuh sabaraha dugi ka lembur bisa bisa jam 4 subuh.
Jalak.
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asa sering maca nu disebat Gunung Sunda, mung sigana aya dua Gunung Sunda :1. Gunung Sunda nu ayana kalereun Bandung, nu aya Curug Cijalu, ayeuna aya dina pangawasaan Perum Perhutani Unit III KPH Bandung Utara Jawa Barat.2. Gunung Sunda (purba/kuno), anu kacida jangkungna anu teu weleh aya es diluhurna dugi ka katingal bodas (Cuda/Sangsekerta nu hartosna bodas).Gunung Sunda Kuno tangtos ayana teh samemeh Bandung jadi Situ Hyang (Danau Bandung purba), da saurna ku ayana Gunung Sunda bitu nu ngajantenkeun danau bandung purba.Lamun kitu mah ngajunggiringna Gunung Sunda nya palebah Bandung, sedengkeun gunung sejena saperti Tangkuban Parahu, Burangrang jste, ngan saukur sisina.Patarosanana, nu disebat Gunung Sunda (purba) teh ayana dijaman mana (pliestosen, miosen jste), teras bituna teh dijaman mana, kanggo sumber bacaan anu rada euyeub ngeunaan eta dina buku naon..?MSasmita
Sumedang Tandang Nyandang Kahayang
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

