|
Sarua Gejulna
Beus ngarandeg sakeudeung dipalebah pintu tol Bekasi Timur,
supirna ngarawel gado panjaga tol, eh kartu tol , terus ngadius deui nuju
ka wetankeun, sora mesinna ngagaur handaruan. Najan sora mesin matak rawing
daun ceuli,tapi bubuhan jalanna lempeng tur rata sarta banna buleud teu
burung Jumad ngaguher sare tur nganjang ka alam pangimpian. Keur
ngeunah ngeunah ngaguher, gurubug Jumad ngalilir lantaran ramo kenek
anu keusrak tur koromod ku oli, noel kana taktakna bari pok nanya. "
Medang ?" Jumad ngan ukur unggeuk, hatena mentegeg ambek lantaran
keur ngeunah ngeunah ngimpi duet jeung Ira Swara dina acara sang bintang,
ngadadak kapotong. "Jadol...kaya kieu mah teu meunang dewek senang yeuh, cik
atuh sabar ari menta ongkos teh, da dewek ge moal kamana mana !"Jumad
ngagerentes bari ngusiwel ngodok duit tina dompet na song diasongkeun.
"Sajalmi ?" pokna deui bari ngareret kanu gigireun. "Muhun !" ceuk Jumad bari
pipilueun ngareret. Karek sidikeun yen batur sabangkuna teh awewe, rupana enya
geulis da awewe ngan teu sangolenyay Bella Saphira. " Lakadala lumayan eung aya
heureuy heureuyaneun !" Jumad semu kumetap. Dasar lalaki teu kaop aya nu
herang sok lat poho kanu belewuk , padahal balik kalembur teh ngahaja nek
ngalongok "mawar bodas" anu geus lila teu diteang.
"Aya ku cua eta kenek abong ka awewe menta ongkos ge meuni ngahaja
dililakeun !" hatena noroweco. Asa teu gugur teu angin, basa kenek jeung
nu gigireunana semu nu otel, hatena ngadadak nyongkab panas, padahal kabogohna
ge lain,wawuh ge encan, ngan ukur batur sabangku. " Na jadi timburu kuda kieu
aing teh, keur lieur kitu ?" bari gap kana tarangna. "Naha da tiis
geuning!"
Cibitung, Cikarang ngan sajorelat kaliwat, sajongjongan Jumad ngahuleng,
dina pikirna naha mending nuluykeun ngaguher deui bari susuganan Ira Swara
daekeun diajak duet deui, atawa ngoconan anu gigireun. Bet asa kaparengan deuih
, pitunduheunana ngadadak leungit, teuing ngorolos kamana. " Nyalira ?"
Jumad mimiti muka obrolan. "Iyaaaah!" jawabna, sorana halimpu persis sora sang
operator party line anu keur on air. "Bade ka Sumedang ?" Sora Jumad rada
dilentongkeun " Iyaaah !" jawabna deui. " Sumedangna palih mana ?" Jumad beuki
panasaran. "Tahu nggak gunung Tampomas ?" manehna malah malik nanya. Hag siah
naha geuning ngomongna bet letter "B" mamalayuan sagala. "Kantenan atuh
terang mah, pan sakitu ngajegrigna !"Jumad heran naha ditanya alamat bet jor jor
ka Tampomas sagala. "Kalo tau.... kampung sayah enam puluh kilo meter dari situh
!"pokna deui.
" Kearah mana atas atawa bawah ?" ceuk Jumad, kawas embung kasaing
gejulna.
"Yah pokonya dua kali naek angkot dari situh !"
" Oh..pasti nami lemburna Cibiuk nya ?" Jumad nyoba nyoba nebak bari jeung
asal asalan.
" Geuning terang ...muhun eta Ci..ci..biuk !" Ngajawab bari jeung semu nu
era pedah kanyahoan ngaran lemburna.
" Sikasebelan mun titatadi ngomong teh, ieu mah bet mamalayuan sagala,
matak rabeng tai ceuli !" Jumad ngagerentes deui.
Ari dibarengan ku ngobrol mah teu karasa beus teh geus nepi ka tungtung
tol. " Kopo kampeeek abisss !"kenek kadenge ngagorowok bari ngetrekkeun duit
kencring kana panto. Panumpang anu nek turun paheula heula
tuturubun, sabalikna padagang asongan malah paheula heula naek, atuh
jadi padedet dilawang panto, antukna silih dupak jeung silih seging.
" Punten nepangkeun abdi pun Jumad Suramad Jumadi Mamad bin Sukinta,
rerencangan sok nyebat ka abdi Jeffry !" ceuk Jumad pedah titatadi ngobrol can
ngawanohkeun ngaran.
" Oh sami abdi ge nepangkeun nami abdi Odah Saodah Warohmah Mawadah binti
Sumpena, asli ti Cibiuk, tong asa asa sebat wae abdi Sandra !"
" Ari di Batawina damel ?" Jumad tetelepek
" Sadamel damel di komplek perumahan Pondok Indah !"
" Manaeun bumina Inul ?" Jumad langsung nyamber nanyakeun imahna Inul,
lantaran basa nongton hot gosip di tivi imah Inul anu harga miliaran ayana
didinya.
" Puguh pagigir gigir pisan, malihan upami nuju nyalse, mba Inul sok
ngahaja ka abdi miwarang nyiaran !"
" Baruk !"
" Lah lumayan gaduh side job, margi upami kenging sok
diartosan, kenging kuar sok dietang saratus rebu sasiki, atuh upami kenging
kutu sok dietang lima puluh rebu sasiki !"
" Sakali nyiaran sok kenging sabaraha kitu ?"
" Lumayan kuar sok kenging lima, kutuna tilu siki, ari akang damel dimana
?" Sandra alias Odah malik tetelepek.
" Ah sadamel damel...pami dipercanten mah damel di Balai Penelitian Tongo
jeung Tuma !"
" Di bagean naon kang ?"
Karek ge nek pok ngajawab, cekit sora erem nyiricit, jedak tarang Jumad anu
legana sahektar nenggar tungtung jok.........( hanca.....aridaex kitu ge )
syam ridwan
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

