Wa' alikumusalam!
 
(Bismillah)
 
Ngiring hawatos.....punten Kang Yaya dupi ti jisim kuring mah teuacan tiasa masihan bongbolong nu di pimaksad Akang. Nanging iwal tikituna, sementawis... iwal ti pidu'a nu tiasa di kintunkeun ... mangga atuh kang!
Mugi urang sadaya teh tiasa aya dina kasaean & salawasna dipepeling ku gusti alloh nu maha suci.amin!
 
"Mugia Kang Yaya(nu nuju teubih ti kulawargi nu dipika tresna), dilimpudan ku katawakalan, kasabaran sareung kaihlasan ku kersaning gusti Allah dina mayunan kayaan ieu.
 
Utaminamah kanggo Pun Lanceukna, mugia Mantena tiasa ngeursakeun yuswa nu langkung sae dina estu sareng amalibadah anjeuna nu insya alloh tiasa mangpaat tur karaos ku sabudeureunana (rahmatan lil alamin). Amin!"
 
 
Wasalam,
 
-pun adi-
19/05/04-Abu Dhobi
 

-----------------------------------------
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikumsalam

Mudah-mudahan nu teu damang sing tawakal dina mayunan
sagala cobian. Atuh kulawargina, caroge, para putra,
sareng para saderekna ulah kendat nya ihtiar. Insya
Allah, pan saurna sagala rupa panyawat teh tangtu aya
obatna.

Salam,
Hasan

--- Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamu alaikum
>
> Pun lanceuk nu pangageungna (Hajjah Eruk Rukmini),
> sumanget hirup jeung perjuangan hirupna kacida
> gedena,
> kabeh adi-adina kungsi di geroh kaasup sim kuring.
> Tong boroning adi-adi, dalah tatangga jeung dulur
> baraya ge nu kungsi sakola di Bandung mah, teu weleh
> dirawatan di bumina di Taman Sari Bandung. Teu
> ngandelkeun beubeunangan salaki, pun lanceuk gaduh
> usaha sorangan, jeung muka lahan gawe keur 12
> urangeun.
>
> Tahun ieu punlanceuk zarah ka Mekah, salami di Mekah
> estu lancar, teu aya nu karaos, estu sehat walafiat,
> kitu saur pun lanceuk basa bulan February kuring
> panggih, sawangsulna ti Mekah.
>
> Minggu tanggal 9 Mei pun lanceuk ka Tanjung Sari
> ngalongok Dewi anakna nu nomer 4, muhun alo kuring,
> toko Beusi jeung Matrial (Tari Galis) pengkolan
> memeh
> alun-alun Tanjung Sari. Keur ngobrol jeung alo,
> ujug-ujug jeletot nyeri sirah liwat saking nepi ka
> les
> kapiuhan. Gura-giru dibawa ka rumah sakit Al'Islam
> by
> pass. Dugi ka Rebo teu aya perkembangan, emut eta ge
> tina kapiuhannanamah mung janten ical emutan, teu
> apal
> kasasaha. Margi teu aya perkembangan anu
> siganificant
> teras dicandak ka Boromeus, dua alesan, kahiji alat
> jeung Dokterna langkung lengkep, atuh nu kadua ameh
> deukeut jeung bumina da puguh di Taman Sari tea
> (Kang
> Darpan kantos nganjang). Kemis emutannana pulih
> sanggeus dokter masihan obat anu mujarab, dugi
> kaayeuna emutannana lengkep, Alhamdullilah.
>
> Kamari sonten, carogena, palaputrana, jeung
> adi-adina,
> mung kuring nu henteu teh, disaur ku Tim Dokter.
> Dokter ngumumkeun naon kasakit pun lanceuk. Kabeh
> taya
> nu ngagebeg, geuningan pun lanceuk teh dina uteukna
> nu
> kenca aya Tumor, parantos stadium 4, atawa stadium
> panganggeusan. Dokter mere saran, tiasa di operasi
> mung taraf keberhasilannana mung 5%, saurna mun lain
> na uteuk mah nya meureun 30% mah aya. Anu langkung
> ngarenjagna, Tim Dokter nyarios yen harapan hirup
> pun
> lanceuk mung paling lami 6 sasih deui, numutkeun
> panalungtikan medis jeung sumebar katut
> perkembanganana sel tumor na uteuk pun lanceuk. Tim
> dokter teu tiasa nanaon deui mung ukur tiasa masihan
> obat penawar nyeri, supados ulah karaos nyeri
> teuing.
>
> Sapeupeuting (peuting tadi) kulawarga di Jalan Taman
> Sari riungan, kuring oge ngiluan tina telpon.
> Kasimpulan sementawis, kumaha cenah mun urang bawa
> balik bae, obat panawar nyeri mah panan bisa
> dibeuli,
> urang bahagiakeun bae dina "sesa" harapan hirupna.
> Mungguhing Allah umurmah mung nu Mantenna. Usaha mah
> kedah, tangtos bae. Cenah urang milarian pengobatan
> alternatif.
>
> Kumargi kitu, ka wargi Kusnet sadaya, paneda
> piduana,
> ka baraya anu kersa masihan bongbolongan sareng
> pituduh pengobatan alternatif, kacida di piharepna
> ku
> kulawargi sim kuring. Pamugi kasaean pala wargi
> janten
> jambatan lebet ka surga Allah Ta'ala. Amin.
>
> Tungtung Seoul, 19 Mei 2004.
> Yaya Rukayadi
>
>
>
>
>
>
>      
>            
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.
> http://promo.yahoo.com/sbc/
>



     
           
__________________________________
Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.
http://promo.yahoo.com/sbc/


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
SBC Yahoo! - Internet access at a great low price.

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke