eta teh paribasa, hartina enya kitu, urang mah underestimate ka diri sorangan, ka seler sorangan. rumaos ngan ukur tukang bandros, sanaos raos nyarios teh teu ah da banrosna teu pati raos.
ngarasa teu pede ka diri sorangan, ka pangabisa us sorangan. make jurus neluh maneh: bisi ngerakeun tea. jadi diharalangan rek makalangan teh atawa ka us sejen teh ngan apal nu gorengna wungkul. koran jeung tv dijadikeun qur'an. hehe....hate leutik, nuraeni teuing nurani, dipopohokeun. antukna, tuk, we, adat eta napel ka us. semu heurin ngalengkah. rengkag rengkog. Agum oge boga keneh adat kitu. loba melang....bisi ku ma onam, padahal ma onam ge pesen, kudu wani, bari keukeuh make itungan, da ongkoh loba kalkulator ayeuna mah. cipoa oge geus barisaeun budak tk atawa sd. serab ku tarang batur, enya, urang kapincut ku naon nu dibatur aya atawa naon nu batur boga. kaasup eusi sirah bin cita-cita. kapincut ku platform batur nu sabenerna mah kabeh oge karek cita-cita. naon nu urang boga asana teh teu pantes, teu alus jeung sajabana. us mah hese rek nabeuh dulur teh. si kuring nganuhunkeun ka (utamana pisan) kang Maman Gantra, bu Ani Sekarningsih, kang Agus Djatnika, oge Padang 1, uda amrizal salayan, seniman patung murid pa Sunaryo, nu ngajajapkeun ka si kuring kalersa nyieun endorsement jang novel Lolo tea. ieu hiji ciri aya adat silih jeujeuhkeun di urang oge. teu nu goreng wungkul. kang MGT ngenalkeun si kuring ka kang Hawe Setiawan, ka kang Acil Bimbo, oge Bah Surya taun kamari masihkeun ulemanana pikeun ngahadiran silaturahmi inohong US di hotel Panghegar. jadi asa rada napak. sanajan adat individualis kuring masih kandel, tapi loba hal nu kudu dilakukeun babarengan. basa si kuring nyarita, US mah pan pareumeun obor, kang Acil nyarios, boro-boro pareumeun obor, oborna oge urang teh teu boga....beu...! mun aya us nu jeneng, sok ditoong make pamrih, aya mangpaatna jang urang sunda? padahal ukuran urang sunda teh ngan diri sorangan kaasup alam pikiran jeung lingkungan nu heureut. nya wayahna da urang mah somah cacah suracah. jauh ka inohong us nu jeneng. nya us-e, urang sunda elit lah, sarupaning jendral, pajabat luhur, jeung sajabana. maranehna loba oge nu napak dina widangna salaku pamaen solo. ngan ukur du'a ti sepuhna masing-masing. enya, ku sabab teu wawuh, nu kaluar teh jurus curigation, cangcayaismeu. teuing timana baroga adat goreng kitu. hade ka semah soteh, mun semah na batur bin deungeun-deungeun meleg. mun dulur mah, langsung curigation...mun nu beunghar, pikiranana teh sigana "si ieu geus datang deui...butuheun duit! atawa ari aya pangabutuh mah datang...jeung sajabana. nu estuning mikir make cara modern, sagala rupa make jurus motibasi sigmund freud. lampah dulur atawa batur ditempatkeun dina wadah curigation jeung pamrih bin motivasi oge kasang tukang nu kalolo bana, ngan apal ceuk media nu cang tangtu netral atawa memang pro ka hiji aliran atawa golongan.... paguyuban pasundan, siga teu pati bisa ngaguyubkeun us....padahal ngarana mah paguyuban...tapi ketang mun noong baheula, us teh cenah tukang kebon...individualisme kuat. jadi kaci lah mun hese ngaguyubkeun us teh...adat gorengna mah guyub, kaasup panyawat orba jeung repotnasi, korupsi tea bari berjamaah.... kahayang teh urang, da meureun generasi beh dieu...boga uget beda, kucara ngahadean nu geus rusak... adat serab ku tarang batur, geus waktuna digusur... Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

