rebuan cimata mendet dina kongkolak panon lila lila budal teu kawadahan clak, clak
ngeclak sakeclak-sakeclak tina juru panon ngalembereh nepi ka beakna gumantung rasa hate jeung waktu bisa mangjam-jam bisa ngan ukur memenitan hate jeung panon, siga nu silih harewos mimitina nu hayang ceurik teh hate ngan naha panon teu merean? hate mah ngan ukur ngarasakeun ari nu ceuriknamah panon.. geus aya babageanana..... ~pupi~ Segar, Mei 2004 Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

