Poe Kemis 20 Mei 2004.Tabuh tujuh isuk isuk geus ngangkleung ka Rajamantri nyampeur MJ, nepi ka MJ teh tabuh tujuh, isuk teuing da jangji mah tabuh dalapan, kapaksa we digedor, enya we MJ kakara nguniang, sigana peutingna tas lembur.Kulantaran ka MJ mah geus teu asa-asa, bulubus we asup ka Studiona, euleuh buku pabalatak, kurah koreh dipisahkeun sawareh, teu dibawa kabeh ka Mayak, da bisi aya nu perelueun di Pabukon nu sejena.Lolobana buku buku ti Kiblat Buku Utama, buku buku basa Sunda, aya hiji dua buku keur tatanen jeung buku miara Gurame.Ngadagoan Teh Pupi, teu embol embol, padahal mah di SMS ku MJ ti sore kamarina, sigana Teh Pupi sibuk keneh di panitia kasenian tea.Miang ti MJ teh encan panceg tabuh satenga dalapan, bangblas liwat tol Buah Batu.Di tengah jalan MJ nga SMS ka Kang Iim (Kang Boim), alhamdulillah keur di jalan di Cimahi, nya silih jangjian kuring jeung MJ ngadagoan di gerbang Kota Parahyangan Padalarang.Teu kungsi lila jol kang Iim, atuh biur we ka Cianjur teh tiluan kaopat nu nyupiran.Sapanjang jalan uplek ngobrol, boh ngobrolkeun AG (Agum Gumelar), boh ngobrolkeun US, palebah jambatan Citarum liwat saeutik kuring menta eureun heula pedah ningali aya restoran Sunda, niat mah rek neangan asakan ati maung, leuh kabeneran keur suwung.....! atuh barangbeuli teh keur sajoleun ukur nu kitu we, ati maung teh semur jengkol tea, "pangrugi rugina sing saha saha anu ngaku Urang Sunda tapi teu beuki kana semur jengkol".Tabuh sapuluhan teh geus nepi ka pengkolan Jebrod, di hareupeun masjid Cilaku eureun heula, nyimpang heula ka ki lanceuk (mertuana Om Teddy), nya MJ jeung Kang Im ge dikenalkeun, teu lila di ki lanceuk teh, terus deui mangrung ka Mayak teu gagancangan teuing da geus deukeut.Palebah komplek perumahan Mayak Indah mengkol, terus we langsung ka imahna Aa Dedi, imah nu dituju keur pitempateun pabukon tea, enya keur araraya, malah keur pakepuk nyieun sambel cenah, majarkeun nyadiakeun tamu ti Bandung.Kuring rada sasadu ka si Aa Dedi teh da mimiti ngiberan mah rek datang aya genepan, ari jol ngan tiluan, enya atuda tadina mah apan nu rek ngiluan teh Kang OmanAR, Kang Maman Gantra jeung Teh Pupi, tapi nyakitu tea, kang Oman ngiring ngariung dibumina AG di Bandung, atuh Kang Maman Gantra sibuk di Batawi nyumponan pesenan Bandung Spirit, ngontak inohong US di Batawi.Sanggeus wawanohan antara MJ, Kang Iim jeung Aa Dedi sakulawrga, kuring jeung nu sejena nurun-nurunkeun buku.Aa Dedi jeung istrina lulusan ti IKIP (UPI ayeuna mah) ngaguru di SMU mayak, duanana ngaguruan basa Inggris, boga budak tilu, nu panggedena awewe kelas 3 SMP, nu kadua awewe kelas opat SD, atuh nu katilu lalaki kakara TK. Enya rada merenah neundeun Pabukon di Aa Dedi teh, kahiji inyana guru, kaduana atuh lokasina, disebut dikota da puguh jauh ti Cianjurna ge, disebut di pasisian teuing da henteu, ngan meureun lantaran imahna di komplek BTN henteu di pakampungan, tapi da guru tea, tangtuna deukeut jeung masarakat.Ceuk si Aa Dedi mah puguh ieu program Pabukon ti YP teh keur inyana asa mobok manggih gorowong, lantaran mindeng nengetan kaayaan di pilemburan, nu ti pilemburan mah tong boro meuli buku bacaan apan keur hirup sapopoe ge kaasup susah, jadi merenah pisan lamun ieu pabukon jadi tempat keur barudak maca buku.Jeung deuih geuning beja rek aya pabukon teh geus rada nerekab, da cenah geus loba nu nanyakeun iraha rek dibukana, ari keur kuring, MJ, Kang Iim mah bungah we nu aya, hartina nyieun pabukon teh teu dianggap gaplah.RW didinya diondang, nya anjeuna di suhunkeun sambutanana, eusina mah nganuhunkeun pisan jeung aya pamenta sangkan buku buku teh rada dilengkepan ku buku pituduh keur pertanian, MJ, kuring, jeung Kang Iim rek ngusahakeun. Insya Alloh.Buku buku bawa ti Bandung dipasrahkeun kalawan resmi ditambahan duit saratus rebu keur nyieun plang papan nama Pabukon Simpay Katresna Yayasan Perceka.Sanggeus papasrahan, geuning Aa Dedi nyadiakeun katuangan, bakar ikan jeung lalab-lalaban, sambelna sambel kecap dicampur tomat jeung siksikan cengek.Nuhun, katampi, da enya tabuh sakitu mah keur meujeuhna lapar, MJ ngalimed duka teuing tah nyeri beuheungna karasa atawa henteu (MJ keur rada hese ngalieuk, salah sare sigana mah, kuduna mah buru buru anggelna dialungkeun ka hateup ambih kapoe).Kira kira tabuh satu amitan, di Masjid Cilaku eureun heula ngahaja rek salat lohor, rengse salat ngabiur deui ka Bandung, ka Tanggeung pesenan Kang Siddik van Korea, teu acan kalaksanakeun, da bisi siang teuing, pangpangna mah bisi macet palebah Cipatat.Kang Iim turun di Ciranjang da bade nepangan baladna kuliah, atuh ka Bandungkeun teh ngan MJ jeung kuring.nepi ka Margawangi kira kira tabuh tilu liwat, da dijalan teh lalaunan teu ngebut teuing, resep ningali kaayaan tanah Pasunda, lega keneh geuning tatar Sunda teh, cik atuh ka balarea, Tatar Pasundan teh tong dijarualan teuing ka deungeun, bisi hiji waktu mah kasebutna we Tanah Pasundan, ari nu bogana deungeun kabeh, Urang Sundana jadi semah di sarakan. Ehm lebar teuing...!!Cag ah...sakitu laporan lalampahan ka Mayak Cianjur.Eh aya nu kalangkung, di sapanjang jalan Kang OmanAR, nga SMS ti bumina AG, laporan paguneman persiapan tim sukses AG, strategina tur kamungkinana (mangga kang OmanAR diantos laporanana).MSas
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

