|
Wilujeng enjing baraya urang sunda sa alam
dunya....
Ti kulonna, ti wetanna, ti kidulna, ti
kalerna...
Mugia sadayana aya dina
panangtayungana-NA,
Wilujeng tepang ka sadayana warga enggal nu nembe
gabung ka ieu lembur,
lembur nu dipikareueus ku urang
sadayana...
lembur tempat urang miceun rasa kasono ka lembur nu
dipikacinta...
nu katelahna Lembur Babakan KUSNET (Komunitas
UrangSunda di Internet),
Nepangkeun...
Sim kuring namina Panzi, pituin urang Kp. Jondol -
Sukapura - Kircon - Bandung,
padamelan janten tukang curat-coret di PT Sumitomo
Wiring Systems Batam Indonesia,
padamelan sampingan janten bandar hayam di batam...
hehehe...
Mangga ahhh... geura prung ngamumule kabudayaan
urang... budaya SUNDA...
ari kuring tos ngamumule budaya sunda atanapi teu
acan nya...???
cing atuh ka para sesepuh... kumaha carana
ngamumule kabudayaan sunda teh..??
naha mung saukur reueus janteng US wungkul...
atanapi kumaha...??
Cag ahhh....
Panzi van batam
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [UrangSunda] puuunnn ten...... Enjang Samaria
- Re: [UrangSunda] puuunnn ten...... Siddik Wiradireja
- Re: [UrangSunda] kango MJ,Ua sas Buku Kenzi
- Re: [UrangSunda] kango MJ,Ua sas Buku Nety Martin
- RE: [UrangSunda] kango MJ,Ua sas Buku MSasmita
- RE: [UrangSunda] kango MJ,Ua sas B... Nety Martin
- Re: [UrangSunda] Nepangkeun kabaraya an... Nety Martin
- Re: [UrangSunda] Nepangkeun kabara... Enjang Samaria
- Re: [UrangSunda] Nepangkeun ka... Nety Martin
- RE: [UrangSunda] puuunnn ten...... Iyan.Suyanto
- RE: [UrangSunda] puuunnn ten...... Cecep Wahyu

