Ieu aya seratan Bah Ayip Rosidi (AR) dina Mangle,
mudah-mudahan aya manfaatna. Ti saprak polemik
ngeunaan STS, kuring panasaran kana gayana Bah AR. Nya
terus kurah koreh dina koropak sayang Kusnet, gorehel
teh aya sababaraha tulisan anjeuna. Memang hebat si
Abah teh, gayana angger, seukeut, khas mandahong
otodidak.
====================================================
Common sense
Aya carita misil, dijieun jadi carita budak ku Dodong
Djiwapradja, judulna Menghidupkan Singa Mati,
digambaran ku A. Wakidjan. Caritana ngeunaan opat
sadulur nu rek guguru nyiar elmu ka pandita sakti. Nu
saurang hayang diajar elmu anu bisa lamun manggih
tulang sapotong direka nepi ka jadi rorongkong anu
lengkep.
Nu saurang deui hayang diajar elmu nu bisa
ngalengkepan rorongkong tea ku kulit jeung daging nepi
ka jadi mahluk saasalna. Nu saurang deui hayang diajar
ngahirupan deui mahluk anu geus ngagojod saasalna tea
sangkan hirup sabihari. Tapi nu saurang deui mah
henteu hayang diajar elmu nanaon. Manehna mah ngan
hayang boga akal sehat bae, cenah.
Ku pandita sakti kabeh kahayang nu opatan teh
dicumponan. Kabehanana narima elmu luyu jeung
kahayangna masing-masing. Di jalan balik ti patapan,
nu opatan teh manggih tulang sapotong. Ku nu kahiji
gancang tulang teh dijiad nepi ka jadi rorongkong anu
lengkep. Ku nu kadua dijiad nepi ka rorongkong tulang
teh mangrupa sato saasalna: singa ranggeteng ku
sihung. Samemeh nu katilu rek ngalaksanakeun elmuna
ngahirupan singa, nu kaopat henteu satujueun da
saheunteuna singa mah sato galak, tapi kalah ka diece
ku dulur-dulurna, ahirna nyarita, "Nya ari geus henteu
beunang dihalangan mah, kuma karep. Ngan engke heula,
ulah waka dihirupan ayeuna. Kaula rek indit heula.
Lamun geus jauh sarta geus henteu katenjo ti dieu pek
wae rek dihirupan oge."
Dodong di dinya ngagunakeun istilah "akal sehat". Dina
Kamus Bahasa Indonesia nu disusun ku Tim nu dipingpin
ku Dra Sri Sukesi Adiwimarta wedalan Pusat Bahasa
(1983) nu engkena jadi Kamus Besar Bahasa Indonesia,
henteu aya entri "akal sehat". Tapi aya "akal budi" nu
diterangkeunana: "pikiran sehat". Sarua jeung dina
Kamus Umum Bahasa Indonesia nu disusun ku W.J.S.
Poerwadarminta (1953), da Kamus Bahasa Indonesia ge
ngindung ka dinya. Dina Kamus Dewan nu disusun ku Dr.
Teuku Iskandar (Dewan Bahasa dan Pustaka, Kualalumpur,
1984), entri "akal sehat" ge teu aya. Nu aya "akal
budi" nu diterangkeun : "pikiran yang sihat". Henteu
kudu ngarasa aneh sanajan istilah "akal sehat" sering
kabaca dina teks basa Indonesia beh dieu tapi dina
kamus henteu kapanggih, sabab umumna nu nyarusum kamus
di Indonesia mah dumasar kana kamus nu geus aya,
henteu dumasar kana basa anu digunakeun dina kahirupan
sapopoe. Contona, Kamus Besar Bahasa Indonesia anu
dina tungtungna make referensi nu dijadikeun sumberna,
henteu nyebut karya sastra hiji-hiji acan, padahal
apan basa teh hirupna dina sastra.
Kecap "akal sehat" jigana kakara dipake beh dieu
minangka terjemahan tina istilah "common sense" dina
basa Inggris. Saenyana istilah anu geus nyampak dina
basa Malayu, "akal budi" leuwih merenah, sabab "common
sense" mah henteu aya patalina jeung sehat henteuna
akal. Dina Webster's Encyclopedic Unabridge Dictionary
of the English Language (1994), "common sense" teh
diterangkeunana kieu : "sound practical judgment that
is independent of specialized knowledge, training or
the like; normal native intelligence". Jadi kamampuh
nalar nu wajar jelema normal, nyaeta kamampuh
ngagunakeun akal sacara wajar bari henteu dipatalikeun
jeung elmu atawa kanyaho. Bisa jadi saharti jeung
kecap "budi akal" anu aya dina guguritan pupuh Pucung
Utamana jalma kudu rea batur
keur silih tulungan
silih titipkeun nya diri
budi akal lantaran ti pada jalma
Hartina ayana "budi akal" mah lain tina diajar ilmiah
atawa ngulik elmu, tapi tina campur-gaul jeung papada
jelema. Dina Kamus Webster's tetela pisan disebutkeun
yen "common sense" mah daya nalar anu "independent of
specialized knowledge, training or the like", hartina,
lain elmu atawa kanyaho (knowledge).
Hiji sarjana S-3 anu lulus diuji ku 9 gurubesar sarta
nyusun buku Sajarah Tatar Sunda, capetang dina
nerangkeun tiori elmu nu meunang nyadap tina buku,
tapi dina bukuna tea waktu nerangkeun yen dina taun
1960-an, barudak urang Sunda nu geus mikaresep musik
rock jllna teh masih keneh aya nu mikaresep kasenian
klasik (tradisi)na, mere buktina ku nyebutkeun yen
harita di Moskow aya sayembara seni klasik Sunda.
Sidik, dina hal ieu mah, si Sarjana lain kakurangan
elmu, tapi henteu boga "common sense", sabab jiga
henteu terangeun yen Moskow mah lain Tatar Sunda jeung
sayembara nu diayakeun di Moskow henteu bisa dianggap
representatif ngagambarkeun kaayaan para pamuda urang
Sunda di Tatar Sunda.
Sarjana S-3 sejen nu hayang ngabela baturna,
nyebutkeun yen baturna teh lain jalma anu sagala
terang, jadi henteu mustahil luput dina mariksa
karangan sumbangan ti nu sejen anu lain widang
kaahlianana. Di dieu ge urang nyanghareupan masalah
"common sense": sing saha nu geus wani mingpin hiji
tim pikeun nulis ngeunaan salah sahiji hal, kudu boga
tanggungjawab kana naon bae anu dimuat di dinya.
Kuduna sang S-3 nu rek ngabela baturna tea terang kana
prinsip nu kitu. Jeungna deui, cara anu diterangkeun
ku Kamus Webster's, "common sense" mah henteu katalian
ku elmu jeung kanyaho. Bari henteu nyaho jeung bari
henteu boga elmu ge, kuring anu lain S-1 S-1 acan,
waktu maca bagian eta dina bukuna tea, gancang narik
kasimpulan yen aya nu henteu wajar. Aya ketang modal
dasarna: diajar elmu bumi nu nerangkeun yen Moskow mah
puseur dayeuh Nagara Rusia, henteu kabawah ku Tatar
Sunda. Piraku geus S-3 henteu terang soal eta?
Nu katingal ayeuna: enya beuki rea urang Sunda anu
palinter, jaradi sarjana, S-1, S-2. S-3 jeung jaradi
profesor, elmuna laluhung da tina omongan jeung
tulisanana sok rea cutatan tina buku-buku karya anu
jalumhur, tapi beuki rea anu mamerkeun yen sanajan
beunghar ku elmu tapi henteu bogaeun "common sense"
budi akal.
Naon sababna?
Wallohu 'alam. Ngan sidik masalah ieu teh kudu meunang
perhatian nu daria ti urang Sunda. Sabab lamun henteu
boga "common sense" sarjana anu gelarna ngaberendel
ge, moal bisa nyumbangkeun nanaon kana kamekaran budi
daya manusa Sunda. Paling-paling ngadagangkeun tiori
elmu beunang ngapalkeun jeung nyutat ti batur.
Cara anu geus sering ditarulis, urang ayeuna (lain
ngan urang Sunda bae, tapi Indonesia umumna) nganggap
gelar kasarjanaan teh sarua jeung gelar kabangsawanan
beheula kayaning raden, raden mas, raden ajeng jeung
sabangsana. Numatak rea anu mareuli gelar Dr. Honoris
Causa bari jigana teh henteu terang naon hartina. Nu
ngahontal gelar lain HC ge henteu dipatalikeun jeung
prestasi ilmiah dina widang kasarjanaanana. Lamun geus
lulus S-1, S-2, komo S-3, ngarasa geus hatam ngudag
cita-cita, padahal tamat S-1, S-2, malah S-3 teh ngan
nuduhkeun yen manehna geus namatkeun hiji tahap
kaelmuan. Sabada tamat ti dinya manehna kudu
ngabuktikeun yen elmuna teh henteu mubadir, ku jalan
ngayakeun panalungtikan dina widangna masing-masing.
Manehna kudu ngabuktikeun yen elmuna dimangpaatkeun
sacara maksimal pikeun kamekaran budidaya manusa dina
enggoning kumelendang di alam pawenangan luyu jeung
parentah Allah SWT yen manusa jadi khalifatullah di
bumi. Hartina kudu numuwuhkeun sipat-sipat Allah
sacara kreatif dina raraga ngunggahkeun martabat
kamanusaanana.
Lamun urang Sunda katalimbeng dina urusan formalitas,
ngan ukur resep dumeh geus nyandang gelar (sarta tuluy
ngarasa aing pangyahona ngeunaan sagala rupa),
tanwande ka hareupna baris moal bisa ngahontal
prestasi jatining elmu anu saenyana. Tanda-tandana
ayeuna ge geus katara: langka pisan urang Sunda anu
resep nulis ngeunaan elmuna. Dina ayana ngan mangrupa
diktat jang cecekelan mahasiswana, atawa buku-buku
panganteur nu ngan nepi ka nyutat elmu batur (eta ge
sering henteu diayak heula, naha tiori anu dicutat teh
memang cocog jeung alam urang). Atawa mangrupa proyek
nu hasilna tara diuji sacara ilmiah. Cindekna lain
karya ilmiah anu bisa dikahareupkeun dina pasamoan
elmu sadunya. Dina pasamoan nasional ge henteu.***
[MANGLE 1964]
Pabelan, 3 Mei 2004
Ajip Rosidi
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Domains � Claim yours for only $14.70/year
http://smallbusiness.promotions.yahoo.com/offer
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/