MJ... Ieu mah anu kaalaman ku sim kuring yeuh salami di tanah Malayu ( Riau ) ti saprak ti batam dugiekeun ka ayeuna ka Lobam, kunaon urang Sunda beut katelah ogoan? teu betahan? kabuktian seueur anu kalabur, kontrak kerja can rengse, geus kabur ( runaway tea ) matakan kantos yeuh salah sahiji Personalia ti salah sahiji PT anu aya di Lobam, nyebutkeun cenah Urang Sunda mah teu ebtahan, kapok ngarekrut US, US mah kitu kieu.. manehna can apalan yen kuring teh US aseli!.. Kuring salaku US nya kasigeung oge da ngasakompet daunkeun, atuh pas nyebutkeun kuring US teh manehna ngagebeug, ditambahan kuring di tanah Malayu geus aya kana 9 taunna. terus oge ku kuring teh disebutkeun, US aya di sakulibeuk nagara anu aya di Dunia.. disebatkeun kang YR, Abah Joe, kang Irfan, jrrd... US kabuktian.. Manehna teh ngenta dihampura, cenah geus mamawa suku ( Ras ), da kukuring teh dikieukeun, ayeunamah tong nyokot kabeh US kitu, etamah gumantung kana pribadina sewang sewangan.. disebutkeun yen mun ngarekrut urang Malayu, loba anu eureun ditengah jalan, urang mana wae oge, geus manggihan anu gawena teu baleg mah pasti aya wae..
tah tapi naha geus katelah nateh pisan.. US ogoan... mun dina hal lain, cenah Wanoja US matre, lalakina Buhaya... padahalmah da kabeh awewe teh matre kan? beda jeung lalaki, mana aya lalaki butuh lipstik jeung kosmetik anu biasa dipake ku awewe, leres teu? kecuali lalaki tanda kutip, eta mah beda... Lalaki Sunda cenah Buaya??? tapi naha loba nuresepeun ka Lalaki US? barinage mun disebutkeun kasarna, lalaki buaya, geus pasti neangan liang buaya.. tangtuna milih milih mana anu cocog, leres teu?? tah mun US disebutkeun kitu sami jeung naon??? " US Ogoan, Matre, Buaya??" heup ah.. geus ngacapruk deui.. keuheuk tuhda kakarek meunang deui beja, loba nu kalabur rekrutan ti Bandung.. Baktosna, Kang Ule * US di Lobam -----Original Message----- From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, May 24, 2004 10:56 AM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [UrangSunda] urang sunda jeung dna-na (beja kusnet, bandung) di kusnet minggu kamari, salin ti paguntreng perkara milih capres jeung cawapres, aya oge nu ngabahas soal ciri urang sunda beh jerona, nyaeta ditoong tina susunan dna-na. pamanggih prof.dr. iskandar ti lembaga eiykman netelakeun yen dna urang sunda (US) rada mirip jeung dna urang palembang, mun dibandingkeun jeung komposisi dna urang wetan. dina hal ieu saluyu jeung panalungtikeun beh ditu ti dede, urang ciamis kidul. sanajan manehna sakolana arsitektur undip (universitas dipadjadjaran) semarang, tapi oge milu nalungtik perkara susunan zat nu aya dijelema. diantara manehna netelakeun yen jelema teh masih keneh deuket jeung tembok tibatan jeung jurig atawa setan oge malaikat. naon sababna? sabab tembok tina taneuh, ngandung zat nu sarua aya di jelema. ari setan mah apan tina seuneu jeung malaikat tina cahaya. panalungtikeun beh dieu, nu diayakeun ku lembaga barakatak bandung, geus negeskeun yen urang sunda mah tetela rada deukeut jeung....hileud. eta panalungtikan dumasar kana kabiasaan urang sunda enggoning ngeusi peujitna nu tetela teu beda jeung hileud. dina peujit urang sunda loba dna nu aya dina daun. hal sarupa nu oge aya dina peujit hileud. sakitu nu katampi ku kantor berita kusnet buah batu. Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM ---------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

