Duka teh teuing, saha atuh mimitina, bet ngadon nguar-nguar waduk, ngan bae,
baheula mangsa keur budak sok remen ngadenge bari sakalian tuturuti, tidituanana
mah kakawihan cenah. Kieu kawihna teh :
SANTRI MAWA DODOL ...... (DOL)
DOLEPAK KANA WADUK ..... (DUK)
DUKA WADUK SAHA ..... (HA)
HANEUT KENEH PISAN ..... (SAN)
SANTRI MAWA DODOL ... (DOL)
DOLEPAK ............. terus we kitu ......... eureun-eureun geus ngabulaeh .... (eh) !
ehe-ehe-ehe ..... (he)
heman ka sasama .... (ma)
maneh ulah kitu ...... (tu)
tuluyna kumaha ........ (ha)
hanas .......... ah da moal aya tungtungna nu kieu patut mah ..... heup, ah !
 
Kitu tah panimu Uwa mah
(Gelar Uwa teh pangleler ti barudak anu marangkuk di Abudhabi)


mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


boga babaturan urang Buton. geus lila di bdg, sakola di planologi ayeuna keur s2 di ugm.

hiji mangsa manehna ngaluarkeun heureuy sumpah serapah dina basa sundana. "waduk maneh!"

pangangguran, ditanya, 'nyaho harti waduk?'
'nya, sumpah serapah siga kehed...cenah.

waduk dina harti bendungan mah basa indonesia. basa urangna mah asana bendungan..saha nu mimitina make kecap waduk (nu di urang mah hartina eta tea...) jang bendungan nya? haha
Mj

http://geocities.com/mangjamal



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id




Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke