Assalamu'alaikum wr. wb. Kieu baraya sadayana, neraskeun obrolan kamari di milis urangsunda perkawis ngadamel kamus-online tea, insya alloh ku abdi bade dikeureuyeuh didamel programna eta oge upami baraya sadayana ngarojong.
* Teras saha anu bade ngalebetkeun kecap-kecap na ka kamus-online ieu ? Tah upami ieu anu ngalebetkeun tiasa saha wae, tapi kedah gaduh otorisasi sareng tangtos kedah terang hartosna tinakecap anu bade dilebetkeun, minimal tiasa basa sunda-indonesia, basa nusanesna panginten tiasa dibantos ku baraya nu sanes. * Otorisasina kumaha ? Gampil kantun ngalebetkeun data salira http://www.urang-sunda.or.id teras aya menu "BARAYA US" mangga kantun lebetkeun datana. Tapi tong hilapnya anu janten otorisasi na teh kangge ngalebetkeun data kamus Nami,Email,Password * Basa naon wae nu bade dilebetkeun teh ? Ah ieu mah teu langkung baraya we ari ti abdi mah pangintennya : basa sunda-indonesia-inggris-korea-jepang, tapi puntenya ieu sanes bade ngabebankeun ka baraya nu aya diluar nagri anu tiasa basa asing eta, ah ieu mah sakaparengna we upami kaleresan ngulampreng amengan ka dunya maya/internet teras aya kecap anu tiasa mangga kantun ngalebetkeun. * Upami bade ngalebetkeun data kedah sadayana dilebetan eta sadaya basa ? Teu kedah minimal dua basa (sunda-indonesia), basa nu sanesna tiasa dilengkepan kunu terang. Tos sakieu we heulanya, mangga diantosan waleran nana ti baraya sadayana. wassalam Hatur nuhun sateuacana @ERN __________________________________ Do you Yahoo!? Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger. http://messenger.yahoo.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

