Para wargi !!!, tetela pesta demokrasi teh, sanes pesta alit !!!, da eta geuning waragadna sanes heureuy !!!, eta bae sumbangan luar nagreg kanggo waragad Pemilu teh dugika kirang langkung  26 juta satengah dollar Amrik anu parantos lebet, kanggo waragad dua kali Pemilu taun ieu teh. Teu acan waragad anu disayagikeun tina APBN,
duka teuing sabaraha ringkelna. 
Teu kirang ti 10 nagara anu ngiring nyumbang ditambih UNDP, tilu nagara anu tos nganggupan bade ngiring nyumbang khusus kanggo pamilihan presiden, teu kirang ti
47 juta dolar Amrik anu parantos katinggal ringkel angkana.
Janten total kopral sumbangan waragad Pemilu tiluar nagreg teh 73 juta dolar Amrik, emh !! bagja temen tah, amun kencleng YP kacepretan 10 % weeee kitu tong seueur-seueur teuing !!!, meureun salamet tah 36.890 (kitu ??) murid di TS moal DO nya !!!.
Ninggali ringkel angka waragad, asa lebar upami teu ngiring nyoblos teh !!!.  
Sakitu anu kapihatur !!, mangga nyanggakeun kirang langkungna !!.
 
Pihatur,
SSW  


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke