ngarewong perkawis ahli kasundaan. enya, saur kang Hasan Garut (jang ngabedakeun jeung 
kang Hasan Supriadi), utamana udaganana akademis.

Almarhum Haryoto Kunto, dosen planologi (kira-kira tata kota, rada deukeut jeung 
tata-beuhan, oge tata-kolan). nu tangtuna salah salima subjekna teh studi ngeunaan 
kota jeung sajarahna. nya, jadi we kuncen bandung. kuduna bandung boga museum sajarah 
kota, siga kota-kota di batur.

Kitu deui Jakob Sumardjo, dosen netepna di STSI, cenah ti ikip bandungna mah sajarah, 
tapi terus fokus ka sastra. pantun sunda kaasup sastra. jadi estuning dina urusan nu 
kakait ku akademis.

basa keur jaman walanda, loba bule nu ngulik sajarah sunda. sabab maranehna mah boga 
dadasar cara atawa metodana. harita, karuhun urang mah ngan ukur make carita tutur 
(didongengkeun ka anak incu), teu acan aya usaha maluruh ka situs ka prasasti. situs 
ngan dijadikeun tempat karamat/kabuyutan tea. eta hasil panalungtikan bule teh jadi 
acuan utama jang us atawa ahli sajarah beh dieu. kaasup ceu nina lubis tea.

bisa jadi panaliti (sosbud) ti luar seler mah, pan aya jarak, jadi posisina netral 
atawa ngan ngandelkeun kana teori atawa metoda ilmiah, teu kacampuran ku subjektifitas.

alusna panaliti ti luar selerna, meureun ieu mah, unsur objektifna kandel, tapi ceuk 
purbatjaraka -sanggeus teu manggih cara ngahartikeun prasasti nu pas pisan- memang 
leuwih hade nu naliti teh selerna sorangan, da alam-budayana, nu maranehna. nya 
meureun ku rasa cinta, sanajan angger kudu boga objektifitas nu ajeg, dina raraga 
ilmiah. ieu ceuk aki alm. saleh danasasmita, dina buku maluruh sajarah pajajaran & 
prabu siliwangi.

studi islam -orientalis
nu ieu mak ceuk cenah, kalolobana make kacamata maranehna. nyaruakeun agama islam teh 
jeung karesten atawa katolik nu boga sajarah beda pisan. karesten oge katolik nu geus 
dipermak ku para santo-gereja baheula. contona, jadi aya istilah sekuler, misahkeun 
urusan agama jeung nagara/kahirupan sapopoe, padahal islam mah, aslina henteu kitu, 
ngawengku sagala widang kahirupan.

geus ah bisa saralah :p


Mj

http://geocities.com/mangjamal



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke