ah dimana2 sami kang...
di singapur ge nu katelah nagara loba aturan,
mun miceun runtah sembarangan di denda S$ 50,
tapi aya we warga nagarana nu sembarangan miceun runtah,
padahal di jalan raya deuih....
tapi bedana... di singapur mah mun rek miceun runtah sembarangan teh,
kedah luak lieuk heula... bisi kapanggih ku polisi.. heuheuheu...
beda jeung di urang, rek miceun dimana wae ge teu kedah luak lieuk heula,
da tempat sampahna saageung ieu nagreg...
 
Panzi
----- Original Message -----
Sent: Saturday, May 29, 2004 7:43 PM
Subject: [UrangSunda] : Indonesia menurut orang Jepang/karet

Tapi sapamendak abdi , anu parantos pernah nyaba ka malaysia sababaraha
sasih kapengker dina raraga ngawakilan ti indonesia dina acara Indonesia
Trade Fair 2003. Anu di ayakeun di KualaLumpur.
Yen kalakuan urang malaysia teh teu beda jeung urang indonesia,
Miceun runtah dimana-mana, malahan mah kuring kantos naroskeun ka DUBES
na anu kaleresan eta asal muasalna teh US anu aslina ti Majalaya. Meni
asa pangih jeung dulur di nagara batur. Ari pokna teh
Heueuh cenah urang malay mah sarua pisan jeung urang indonesia dina
kalakuannana, anu teu bisa di atur. Anu nurut aya, anu bedegong aya, anu
miceun runtah dimana wae aya. Copet aya, jrrd.

-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 29 Mei 2004 16:27
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] Re: Indonesia menurut orang Jepang/karet


Memang kreatif bangsa urang teh geuningan. Ieu teh
modal gede, keur ngigelan jaman meureun. Nu kapanggih
ku kuring ieu mah, lamun jalan-jalan di singapura
atawa kuala lumpur, asan can manggihan dulur urang anu
wanieun miceun runtah sambarangan, estu tartib
dipiceun kana tempatna. Pedah eta kitu apaleun gede
dendana. Padahal teu saeutik eta dulur urang nu arulin
teh. Tapi lamun geus mulang deui ka lembur mah angger
we miceun runtah di mana wae. Memang kreatif lamun
kitu mah nya.

Kamari mah kabeneran kuring ulin ka kedubes kuala
lumpur, aya urusan. Kaebeneran deuih ku loba pisan
dulur urang nu aya urusan teh. Da eta mah, di
pakarangan loket urusan runtah dimana-mana, kayaning
botol akua, botol pepsi, koran, kantong keresek, jeung sajabana. Eta
pedah apaleun kitu, yen kedubes mah boga otoritas diplomatik tea, jadi
miceun runtah oge moal didenda.

MH


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke