|
Ieu ngintun teh tetap di na posisi noemail
.
Kang Eko , kang Yaya , upami katampi enggal
ngawartosan .
Arjuna enggalna ngandika :"Rama Bargawa , ayeuna
meunang Kaula ngaliwat ?"
Rama Bargawa nimbalan :"Eeh , kacida teu ngartina
andika , Arjuna ! Lamun Kaula can pejah mah , moal bisa sampeyan ngaliwat ka ieu
jalan !"
"Memang sampeyan can lastarai , Rama Bargawa . Tapi
sampeyan geus eleh di na tarung panah jeung diri Kaula ."
"Hahahahaha , pedah kaula ka panah ku andika ? Tuh
tenjo digibrigkeun oge clak clik !" Nyariosna kitu teh Rama Bargawa bari
ngagibrigkeun salirana , atuh panah nu narancep teh lalesot , murak ka na lemah
.
"Hahahahaha , Rama Bargawa , Rama Bargawa , naha
sampeyan teu ningali , eta Suyudhana tos ngaliwat , ku andika teu yasa
kahalangan , hartina sampeyan geus eleh di na ieu perang , nu matak ayeuna mah
Kaula rek ngaliwat , poma ulah ngahalangan , sabab bisa bae engke aya deui nu
ngaliwat ka dieu , hayoh bae megatan Kaula mah , mana kaasilan sampeyan
?"
Ku cariosan Arjuna sakitu teh , Rama Bargawa teu
sasauran , ngan melengek bae , nya akhirna mah Arjuna diidinan liwat
.
Bingaaaaah Amarwata suuuta ............. bingah na
ka Giri giri .......... Oooooooo ............... Arjuna kaaaton .
Samemeh Arjuna neraskeun lampahna , anjeunna
ngahormat heula ka ang Resi , lajeng wae Sng Resi Rama Bargawa ngandika :"
Arjuna , deudeuh hidep teh sinatriya Utama , teu weleh aya di na tata titi
kasopanan , heug ku Kaula diduakeun mudah mudahan sing Jaya dina satiap
peperangan . Kahade engke mun panggih jeung murid Kaula Ki Aradea , kudu ati ati
."
"Nuhun pisan Rama Bargawa ." saparantos nyarios
kitu enggalna Arjuna miwarang ka kusir neraskeun perjalanan , kitu deui kusir
karetana Duryodhana nuturkeun pandeuri .
Masing leres oge ka na Kareta , tapi Duryodhana tos
ti payun , bari mapatkeun ajian , atuh Arjuna teh masih geseh saeutik ti
Duryodhana , nu tos melesat nuju ka karaton Prabu Bhatara Kresna ; teu aya nu
wantun ngahalangan , ku margi sadaya Senapati Dwarawati tos tererangeun ka
Duryodhana , sareng Arjuna ; atuh gampil pisan ieu dua sinatriya teh lebet ka
Kamer pribadi Kresna , ti payun Duryodhana , Arjuna mah nuturkeun wae pandeuri
.
arang lebet ka ieu kamer , nyata Raja Dwarawati teh
nuju kulem , pameunteuna katingal hegar marahmay , lambey semu imut ;
enggal wae Duryodhana rerrencepan nempatkeun anjeunna disapungkureun
mastakana Kresna . Ari Arjuna , ngelehan maneh di na caket sampeyan Kresna
.
Lami ieu nu kulem teu gugah gugah , enggalna wae
Arjuna sareng Duryodhana mapatkeun ajian , kanggo ngagugahkeun Kresna
.
Enggalna wae Kresna gugah . Barang nguliat katingal
Arjuna caket sampeyana , enggal wae ngandika :"Heheheheh , bagea Arjuna , iraha
kadieu ?"
Samemeh Arjuna ngawaleran , Suyudhana enggal motong
:"Ieu Kaula oge Suyudhana , aya didieu , ti tatadi nunguan sampeyan lugay
."
"Eeeladalah , kutan aya Prabu Anom Suyudhana ? Alah
ieu teh aya bagja naon ? nepi ka dua gegedug Pandawa lan Kurawa kadarieu
?"
Suyudhana teu masihan kasempetan ka Arjuna , enggal
wae mayunan ngandika :Kieu ieu teh Kresna , sampeyan jeung Kaula teh geus lila
aya hubungan , sampeyan teh keur diri Kaula mah estu sarua jeung dulur pet ku
hinis wee ; lain nu sejen . Tah ku sabab ayeuna Kurawa arek Perang gede ngalawan
Pandawa , mangka ayeuna Kaula ngabutuhkeun pisan pang rojong ti andika . Jadi
Kaula ka dieu teh taya lian rek minang sraya , supaya sampean daek mantuan
Kurawa keur ngalawan urang Pandawa .Kitu maksud Kaula teh ."
"Eueueuh kaharti ari kitu mah . Tah ari ieu Arjuna
rek naon sameyan datang ka dieu ?"
"Nya kaula oge sami sareng kakang Duryodhana , neda
pitulung sareng pangrojong ti sampeyan ."
"Hahahahahaha , aya ku kataji ku omongan Arjuna .
Kapan sampeyan rek perang ngalawan Kurawa nu diluluguan ku Duryodhana ? Naha
masih ngaakangkeun keneh geuning ? Atuh perang jeung dulur nya ?"
"Sadaya daya , da sanes Pandawa anu menta , eta mah
kumaha Kakang Duryodhana bae ."
"Eeh ! Kurang ajar maneh Arjuna ! naha make
nyalahkeun ka kami ? kapan kulantaran hayang ngarebut Astina kalawan maksa ,
maneh jadi nangtang perang ka kami ? Naha make diputer balik ?" Suyudhana
nambalang mani sewot .
Samemeh Arjuna ngawaleran , tos dipotong ku Kresna
..........
Hanca
Abbas Amien
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [UrangSunda] Memeh Baharata Yudha - 17 Abbas Amin
- Re: [UrangSunda] Memeh Baharata Yudha - 17 Didin Kustandi

