cocoan si kuring ayeuna teh komputer nu pusdi, pusat studi desain itenas. dicoo ku si kuring sabab si kuring 'dikutuk' jadi ketua pusdi eta, nepi ka bulan ieu, Mei 2004 ti mei 2002.
rencana mah si kuring rek mundur jadi ketua pusdi teh. euweuh gawe karuh. makan gaji buta, tilu ratus rebu sabulan. hehe. teu ngeunah hate. da ongkoh programna saeutik. ngan seminar nu teu kalaksanakeun teh da waragadna moal pimahieun, ongkoh rebutan jeung pusat studi sejen. oge nyieun newsletter. program sejen nyieun/nerbitkeun newsletter, sukses nu ieu mah, bari hese menta tulisan ka babaturan teh. antukna tulisan si kuring -nu kungsi dimuat koran- we diancrubkeun. ari udaganana mah, ka penelitian. ngan jadi koordinator. lieurna teh, aya nu naliti teu anggeus2. paktor M na kandel pisan, males... tah meureun di poe isuk mah, mun nu dipenta jadi ketuana, urang arsitektur -gedongna tatangga- sadia jadi ketua, ieu cocoan teh pindah ka manehna. si kuring ngalamot curuk nebeng di si om boyke bae...da aya dua di dinya. Mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

