Assalaamu'alaikum Wr.Wb
Daramang wargi KUSNET sadaya?

Saptu-Ahad kamari ping 29-30 pangulinan sim kuring kasumpingan nu 
gareulis Najwa Shihab, Sandrina Malakiano, sakompi, belasan urang. 
BEM KM UPI kerja sama sareng Metro TV ngayakeun workshop jurnalistik 
di kampus UPI. Pesertana mhs UPI, ITB, UNPAD, mhs PT sanes. 

Eta geura sababaraha urang mhs pameget nu naros dina dialog dugi ka 
grogi ..... tos payuneun mikrofon carios teu pok, patarosan nu tos 
dicatet oge duka kamana: "Maaf Mbak grogi nih...."
Wuih ..... cantiknya, lebih cantik dari penampilannya di TV, barudak 
terus terang. Atuh memeh pok presentasi oge, Sandrina ngadon 
dirariung ku kamera peserta. Barudak teh dinten kamari mah siga 
disulap jaranten presenter, interviewer, reporter, sareng figuran.

Dina acara simulasi aya nu berakting janten GusDur, janten Ibu Fery 
Santoro, aya nu janten reporter demo mahasiswa, reporter banjir, tur 
nu janten pembaca berita. Ningal peserta antusias, Sandrina dugi ka 
gogodeg bari teu weleh imut, ngajungkeun jempol. Najwa sibuk ngatur 
penampilan peserta. Ibu Pamela Johanna, pak Bakran oge mani antusias. 
Di luar ruangan tim metro sanesna ngabimbing adegan reportasi tur 
acting figuran.

Ba'da simulasi, Nana (Najwa) & Sandrina maparin evaluasi. Tetela 
intonasi maca berita tur gaya wawancara barudak teh "NYUNDA PISAN". 
Alhamdulillah ari ciri khas mah rupina teu leupas. Mung power ..... 
cenah deui-deui power ...... siga dina komentar AFI bae nya, memang  
power teh kedah kaluar dina sora boh nuju ngadugikeun berita, oge 
wawancara. Mhs putri rata-rata tos langkung jelas tur tegas  dina 
maca berita sareng reportasi. Ari mhs putra sapalih nyariosna teu 
acan jelas, powerna teu kaluar, sora ngosom, kunaon ieu nu karasep 
teh ...  
Sim kuring mah syukur pisan kasumpingan tim Metro TV mani sakompi, 
moal kabayar ku artos, utamina silih paparin pangalaman para 
profesional nu sukses dina widangna, manfaat pisan kanggo 
tafakuraneun.
Sandrina sihoreng masihan motto tilu I : 
INFORMASI - INTROSPEKSI - INSYA ALLAH, kitu saurna di tengah 
presentasi.
Acara rengse wayah maghrib, bari hese distop da barudak muru tanda 
tangan tur foto-foto sareng kru Metro. Enya ketang kuring oge alim 
kakantun, kabujeng difoto jeung Najwa & Ibu Pamela.

Ely



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke